Huehauheaue.....

Sanes agul ieu mah, Kang. Lian ti nguncenan Wikipedia Sunda, di
Wikipedia Indonesia ge kuring teh kaaku jadi kuncen (padahal di dinya
mah teu pati aktip).

Pikeun saheulaanan, Wikipedia Sunda/Indonesia mah kuirng ge can wani
ngajukeun sangkan dijadikeun rujukan, sabab sueuer keneh butuh tanaga
pikeun ngokolakeunana, utamana dina harti ngajaga eusina sangkan
akurat.

Di dieu mindeng nyabit2 wikipedia teh, maksudna ngan ukur hiji:
sangkan baraya nu boga luang waktu & elmu & akses internet, sangkan
bisa aub ngokolakeun & ngeusian Wikipedia Sunda. Era atuh, jelemana
leuwih ti 20 yuta, ari ukuran artikelna eleh ku urang Walanda...

Minggu kamari kungsi ngobrol jeung Kang darpan ngeunaan Wikipedia
Sunda, ceuk anjeunna eusina teh masih aya nu perlu dikoreksi. Nya
tangtu, matak kuring mindeng nyebut2 di dieu ge, mindangsaraya
minangkana mah

isk

On 4/13/05, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Hebatlah Kang Kumincir. Salian jadi kuncen di milis
> ieu anu perceka teh, rajin ngeusian wikipedia edisi
> basa Sunda jeung nyosialisasikeunana.
> Minggu kamari kuring oge dibejaan ku batur sa alumni
> perkara harti ilmu sosial dina wikipedia edisi
> Indonesia, tapi geuningan "ngaco". Enya, pagawean anu
> bangga (=hese) ngeusian kamus samodel Wikipedia teh,
> teu bisa sagawayah.


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke