|
Punten ngiring baeud, eh ngiring
ngalandongan ketah. prung !
Landong
I
" Kamari dewek ningali nu geulis dibonceng
batur ujug ujug nyel we ambek !"
" Naha kitu urut popotongan silaing
?"
" Lain !"
" Urut kabogoh ?"
" Lain !"
" Atawa kungsi naksir ka sieta
!"
" Ah teu sing !"
" Naha kitu ?"
" Ambek soteh, eta we ti baheula
dewek can sakali kali acan
ngabonceng nu geulis !"
Landong
II
" Ceuk iklan orang pintar minum tolak
angin !"
" Ari nu bodo ?"
" Nu bodo murak tulak panto
!"
" Ari nu pinter tapi bodo
?"
" Nginum tolak angin dicampur tulak panto
!"
sr
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, April 13, 2005 6:07
PM
Subject: [Urang Sunda] Landong
Baeud
Baraya,
Bilih nuju bararaeud, mangga ieu ubar baeud, landong murukusunu kitunan
ti Kang Nana Munajat, ahli tari Sunda:
Landong Baeud 1
Ku : M. Nana Munajat Dahlan
Budak Ngado'a
Geus aya meureun kana
sabulana "UDIN KAGET" anak cikal Bah Renggo nu kakara umur dalapan taun unggal
unggal jam dua welas peuting nyaring, malah sok parat nepi ka Subuh. Dina
nyaringna teh menekung bari kunyam-kunyem.
Kalakuan anakna saperti
kitu teh pikeun Abah Renggo ngarasa atoh, tapi gegedenamah hariwang boa-boa
anak aing keuna ku pangheureuy deungeun ceuk gerentes angena. Ku sabab bisi
matak picilakeuan abah renggo geuwat mariksa anakna :
Abah Renggo
: Sujang Kunaon bet sasarianeun loba hudang peuting? Mun aya kahayang
geuwat tepikeun ka Abah ayeuna. Udin Kaget : Hi ari abah, pan ceuk
Pa Ustad oge mun aya kasusah kudu remen ngadunga! Abah Renggo :
Hayang naon maneh teh? bet bebeakean. Udin Kaget : Hayang.. ibu
kota Jawa Barat pindah ka Garut. Abah Renggo : Lahuta pisan siah
kahayang teh! Na naon nu jadi sababna? Udin Kaget : Eta tadi Abah,
waktos ngalebetan soal ulangan, soalna teh : Kota naon ibu kotana Jawa Barat?
Ujang ngawaler Garut, tah ku kituna Ujang ngado'a sangkan ibu kota Jawa Barat
ngalih ka Garut. Abah Renggo : Kasebelan siah! Landong baeud
dugi ka seri katilu saterasna tiasa diaos di : http://www.sundanet.com/artikel.php?id=255
manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|