Wah rada sesah milarian kujang di Jakarta mah, upami di internet mah seueur...nanging upami milarian kijang mah seueur di jalan sareng dealer( nangin kedah inden heula...hehehe
-----Original Message----- From: Lingkar Nurindang (G-MAIL) [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: 14 April 2005 14:59 To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Kujang Assalamu'alaikum...Wilujeng sonten ka sadayana, Nepangkeun deui nami abdi Lingkar, asal ti Kuningan asli, ayeuna nganjrek di bekasi kidul sareng pun bojo, ari kuli mah di jakarta didugdag we macet-macet ge da butuh tea :-) ... Punten ieu abdi tumorojog tanpa rarapan, rehna dina pesenan kaos saderek Duli Dimyati teh aya gambar kujang senjata kabanggaan urang sunda/parahyangan/pajajaran sanes kitu? Pami teu kaabotan manawi di antara para wargi sadaya aya nu terang inpormasi di mana kinten-kintenna tiasa meser eta kujang khususna di sabudeureun Jakarta? Tujuanna mah sanes kangge gagah-gagahan nanging kangge hiasan di bumi bade dibingkei, mih kaciren urang sunda... Mun urang aceh bangga ku rencong-na, urang jawa ku keris-na urang dayak ku mandau-na, atuh urang sunda ge teu eleh geleng da gaduh kujang nya? (Tapi da sanes kangge babanggaan ieu mah komo deui ujub.. ampun paralun teuing.. pedah resep jeung reueus we kana ciciren sunda).. Jaman kiwari masih aya keneh nu ngadamel kitu? asa jarang ningali atanapi simkuring kirang gaul meureunan... Hapunten bilih aya nu kirang merenah atanapi lepat.. Hatur nuhun.. Wassalam LN ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

