Wa'alaikumsalam wr. wb.
 
Wilujeng sumping kang Suhendi, wilujeng gabung di lembur bakus (babakan kusnet) anu dipikameumeut ku sadaya, mangga kang..! geura prung wae. Bade nyerat naon oge tiasa. bobodoran, ngabojeg, ngahaleuang .....ah naon wae.....mangga
Perkawis basa sunda alit, tong janten emutan, puguh urang ulibiung didieu lembur teh dina raraga ngaraketkeun  tali silaturahim, atuh tiasa oge kanggo ngaageungkeun basa sunda anu tos teu laku di lembur sorangan. Atuh nepangkeun si teteh anu nuju ngalalana, neang kifayah
Mangga diantos postingannana.....
 
Wassalam..
 
Teh Tien

suhendin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu alaikum wr.wb
 
Simkuring anggota enggal, sateuacanna parantos nepangkeun ka moderator, nanging teu aya lepatna pami nepangkeun deui ka sadayana.
Nami lengkep Suhendin, panggilannamah Hendin, urang Bandung asli, tapi teu tiasa nyarios sunda nu leres lan lemes.
Bandungna di Kopo Cirangrang caket jalan tol kopo, pami teu lepat tadi aya oge urang bihbul, atuh etamah tatanggi.
Ayeuna damel di daerah BSD (Tangerang).
Rupina sakitu wae perkenalannana, haputen bilih aya basa nu lepat, rumaos nilai basa sundana oge alit.
Hatur Nuhun,
 
Wassalam
Suhendin
Academic Services Centre
Campus German Centre
Bumi Serpong Damai - 15321
Islan of Java/Indonesia
Telp.: +62 21 537 6221 ext. 807
Fax.: +62 21 537 6201
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



--
No virus found in this outgoing message.
Checked by AVG Anti-Virus.
Version: 7.0.308 / Virus Database: 266.9.9 - Release Date: 13 April 2005


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke