mangga mang ikmat, kalebet. Nepangkeun oge sim kuring durahman tea. Kawitmah ti Cirebon. Ayeuna keur buburuh di Jakarta.
 
Mun hoyong ngadamel web site langkah2na kieu, mang;
 
kahiji
Pilarian webserver gratis terus urang daftar. Engka urang bakal meunang alamat situs. Salah saijina cobian www.geocities.com (leres kitu ieu alamatna?)
 
kadua
Damel halaman-halaman web di komputer urang make program naon bae. Bahkan bisa make notepad. Mun geus rengse file-file web eta di upload (dikirmkeun) ka webserver nu geus didamel tea.
 
Sakitu heula penjelasan ti kuring, mang. Terus ceuk urang inggris kieu, "Shold you have any query please do not hesitate to ask me."

Wasalam,
Durachman


-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of badar hikmat
Sent: Thursday, April 14, 2005 10:59 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] sampurasun

Assalammu'alikum WR,WB
 
sampurasun.....
 
punten ka sadayana, nepangkeun emang ti pulo borneo, kumaha kabar ti lembur... aya kusono...
langsung we nya...
kieu ieu teh si mamang seja menta tulung ka saha we ieu mah...
cikan kumaha ari nyieun situs/web di enternet nu haratis.
kolot-kolot ge simamang  embung teuing ari kudu katinggaleun tehnologi mah.. heu..heu..
 
keun wae jengkol geus teu usum ge, nu penting ekol na teu usum-usuman.. sanes kitu!
cing ah tulungan si mamang nya! 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke