Kang hasan ari file pdf bisa henteu dipasang 'password to open file' siga nu
aya di ms.word/xcell? Jadi sateuacana file kabuka pdf menta passowrd heula.
Nu sim kuring terangmah pdf teu boga passowrd siga kitu. Bogana pasword
kanggo ngedit, ngeprint,... Mun misalna aya make program naon masang
passwordna.

Sakitu. Hatur nuhun sateuacana.

Wasalam,
Durachman




-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of mh
Sent: Thursday, April 14, 2005 3:38 PM
To: [email protected]; kisunda
Subject: [Urang Sunda] Poesaka Soenda: Tips Nyieun File PDF



File PDF mangrupakeun file portabel sabab bisa dibaca
dina sagala rupa mesin. Salian ti eta, file PDF jeung
PS sacara de facto ngarupakeun format standar nu
ilahar dipake pikeun naskah saintifik.

Pikeun nyieun file PDF bisa migunakeun software nu
freeware, shareware, kitu deui nu komersial. Ieu tips
ngan rek nyaritakeun migunakeun softawre freeware
jeung shareware, sabab "murah meriah" oge tumaninah.

"PDF Creator" mangruapakeun freeware pikeun nyoeun
file PDF. Ieu software bisa didownload di:

http://sourceforge.net/projects/pdfcreator

Software lain nu bisa dipake pikeun nyieun file PDF,
bisa migunakeun PDF995. Softwarena bisa di download
di:

http://www.pdf995.com/

PDF995 mangrupakeun kumpulan pakakas nu bisa dipake
pikeun ngaropea file PDF leuwih lengkep. Lain sakadar
nyieun file PDF, tapi bisa pikeun editing, misalna
neukteukan file nu gede, ngagabungkeun file nu
laleutik, ngawatesan akses file, proteksi file, jeung
sajabana. Pikeun ieu maksud kudu didownload sababaraha
program, diantarana: PDF995, PDFEdit995, jeung
Signature995.

Prinsip gawena nu perlu diinget, file PDF teh
mangrupakeun format ahir pikeun publikasi. Jadi teu
aya software nu bisa dipake ngedit file PDF jiga Words
jeung sabangsana. Kaduana, software PDF mangrupakeun
driver printer. Ku kituna pikeun nyieun file PDF bisa
dipake editor naon wae. Proses nyieun PDF dipigawe
kucara konversi format editor ka format PDF. Biasana
bisa dilakukeun ku dua cara. Kahiji ngaliwatan
fasilitas "File Save As", terus jenis file pilih
format PDF. Kaduana ngaliwatan fasilitas "Print",
terus pilih driver PDF, misalna PDFCreator atawa
PDF995.

Mudah-mudahan aya mangpaatna.



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke