sababaraha bulan ka tukang, si kuring kungsi meunang pancen ti pangulinan
neangan pakar soal basa sunda. rek dipenta kabisana pikeun nyieun ngaran
ti basa sunda antik nu rek dipake pikeun ngaran gedong kuliah sa itenas.

nya si kuring ngumaha ka abah surya (HR.Hidayat Suryalaga). alhamdulillah,
ayeuna unggal wangunan di kampus itenas -legana 5 hektar ieu kampus teh-
geus ditarempelan ngaran basa sunda antik (kapangaruhan ku basa
kawi-sansakerta). nya teu pati sunda pisan, sabab ari kecap loka
paramakarsa pikeun teknik kimia, basa eta mah pangaruh sansakerta mun teu
kawi oge.

make plang tina akrilik orange. rencana mah malah rek make hurup sunda
kawali sagala. jurusan planologi-Loka Jagatdita- mah geus kumplit jeung
hurup sunda kawalina. nu sejen mah acan da kudu diasistensi deui luar
leorna, bisi salah.

arsitektur =loka wastu widya.
desain interior = loka garbabuana
teknik sipil = loka bumiagara
jeung sajabana

contona teh student center, ngarana Loka Abikawidya, cenah ceuk catetan
hab surya, hartina tempat mahasiswa ngumpul. loka= tempat abika=ngumpul,
widya=msiwa. teknik geodesi=loka giri gahana, tempat diajar elmu ukur
gunung-lengkob (lembah). kitu deui wangunan lab, make basa klasik kitu.

puguh we ngarasa reueus, da unpas oge, nu jentre make pasundan, wangunan
kampusna teu/acan dibere ngaran, komo basa sunda.

perkara eta, memang geus dina tempatna, sabab apan yayasan nu ngurus
itenas teh ngarana Yayasan Pendidikan Dayang Sumbi. ti legenda bandung.

ke wisudaan 28 Mei, abah Surya bade biantara perkawis dayang sumbi oge
basa sunda nu dipake ngaran wangunan kuliah eta. katempuhan deui, si
kuring kudu neangan Perda no 5, 6, 7 pikeun konfirmasi ku purek 1. Nuhun
ka kang Oman Manar nu masihan bongbolongan,nepukan bu Ida di Disbudpar
Jabar, kenging fotokopian Perda eta, make tanda tangan gubernur Nuriana
keneh, Dany-nu ayeuna gubernur, karek setda dieta perda.

wisudaan teh rek ngondang walikota bdg, ketua dprd jabar, setda jabar,
jeung budayawan bdg, Pa Saini KM oge Jakob Sumardjo. sigana dina raraga
dipakena "basa Sunda" pikeun ngaran wangunan kuliah.

geus heula, keur rada migren ti isuk yeuh :(
mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke