Haloo, kang Budi.........
Wilujeng dinten minggon, aya kitu ayeuna wayah kieu....? si teteh mah tetep wae sibuk. Kumaha masih mugen teu eta kompina..? Bahasa mugen teh panginten kakantunan basa walanda, tapi  duka tah aslina naonnya.?
Kanggo baraya sadaya, wilujeng rineh dinten minggon. mangga teraskeun kanu nuju sibuk beberes ngaberesihan pawon, bebersih jukut riut di payun bumi, aya oge anu olah raga..., ngibakan ingon-ingon......he he . Kang yudi nuju naon diditu ? kang Murdi ari dinten Minggon sok kamana...?Kang Didat kamana tara katingal..? Kang Sidik nuju naon yeuh...?
Tos ah, lumpat deui...he he
 
IP
(nuju pakeupuk ge, hoyong wae noongan)

budsz <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
On 4/16/05, indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kang Budi......damang..? aya keneh kitu, tadi mah si teteh masih
> kutak-ketik, tah ayeuna mah tos salse.....

Damang teh, ieu tapi rada2 teu raraos, begadang wae unggal dinten,
gugah tabuh 12 siang, matakna salira teh leuleus wae :(.

> Segitiga pengaman kang...! he he

Hehe...segitiga pengaman kanggo istri atanapi kanggo kendaraan teh? :)

> Oh, sumedang balad kang Yaya atuhnya..!, tapi tahuna mah didieu ge di unggal
> parapatan seueur, janten kaki lima.

Hehe, muhun. Ah eta mah tahu palsu teh, jerona mah kosong molongpong
sanes? hehe..
di Sumedang mah nu leureus padamel karajinan tahu mah ngan aya
sababaraha tempat da, eta nu ku abdi ka uninga mah.

> Ngadongeng atuh kang Budi..! sok ku si teteh di bandungan....he he, waas
> keur budak, sok aya anu mangdongengkeun. Tapi waktos di bdg oge resep
> dongeng di radio, tapi kumaha ayeuna aya keneh kitu dongeng di radio...?

Ke we teh, ieu teh seueur masalah yeuh ISP warnet abdi, jadi rada2
mugen mun check email teh hehe..

Dongeng sunda nya?, wah duka tah di Bandung mah, abdi tara
ngadangukeun radio pan sadidinteun oge di payuneun komputer wae
huehueu... Tah upami uih ka leumbur mah osok ngupingkeun dongeng sunda
teh, janten emut nuju alit aya dongeng sunda "Si buntung jago tutugan"
heuuee...

--
budsz


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke