Bener caritaan kang Jalak jeung kang Durahman teh, Cirebon jeung Banten masih keneh
kaasup lemah caina US. Tadi salah kuring nyebut Cirebon, Banten, Sunda jeung Pasundan
na henteu make tanda petik ".
Hampura ka dulur -dulur kuring US anu pituin atawa henteu, lain kuring arek maksud ngago-
goreng salah sahiji pihak tuluy ngagulkeun pihak sejen, lamun kitu mah kuring teh rasis atawa
chauvinist tea atuh ngaranna.
Dina pikiran kuring sawaktu nyebut "Sunda" jeung "Pasundan" teh nyaeta hiji wilayah anu
di wawatesan beulah kulonna ku gunung Krakatau, beulah wetanna di wawatesan ku Cipamali jeung karesidenan Banyumas, beulah kalerna diwawatesan ku kapuloan Sarebu jeung dibeulah kidulna diwawatesan ku pulo Christmas.
Sedengkeun sawaktu bieu kuring nyebut "Cirebon" jeung "Banten" teh anu aya dina pikiran
kuring harita nyaeta dua karajaan anu ninggalkeun budaya jeung basa Sunda, sabab waktu
harita dua karajaan ieu basa jeung budayana ngiblat ka Demak, sok sanajan henteu sakabeh
US di dua karajaan ieu ka Demakisasi tapi pangaruh Demak tetela pisan nepi ka danget ayeuna ge, buktina ayeuna aya sebutan Jawa Serang, Jawa Indramayu jeung Jawa Cirebon.
Malah dina kanyataanana oge di dua wilayah ieu aya sabagean rahayatna anu teu ngaku
salaku US maranehna leuwih milih disebut UJ malahan urang Priangan ge osok nyarebut UJ.
Sawaktu kuring nyebut supaya "Pasundan bisa nanjeur ngaliwatan agama islam" teh maksudna mah sakur jalma anu nyicingan wilayah anu diwawatesan ku anu kuring sebut diluhur bisa ngahiji deui sabeungkeutan dina enggoning nanjeurkeun Sunda ku Islam jeung nanjeurkeun Islam ku Sunda, entong siga jamanna Pajajaran dikepung ku "Cirebon", "Banten" jeung Demak.
Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waduh punten Kang, pamendak teh nyempodkeun kuring nu lain sunda "murni", lain priangan tulen. Punten Kang Nana oge baraya-baraya ieu pamendak teh "implisit" nganggap sunda teh ngan pajajaran. Ari ceuk kuring mah Banten jeung Cirebon teh pan sunda keneh, ngan meureun geus jaradi muslim. Enya ge pait tapi bisa disebut harita teh kajadian "perang saudara", perang sasama urang sunda. Ngan beda kolaborasi, nu hiji jeung Demak, nu hiji jeung Portugis. Oge dina masalah mataram, tetep kuring mah boga pamendak yen harita aya urang sunda nu dicaplok ku mataram aya oge nu teu katoel-toel acan, nyaeta sunda banten. Panginten kahareup kedah dicobi ningal urang sunda teh nu heterogen, ulah nganggap homogen saolah-olah pasundan teh ngan urang sunda nu di priangan.Punten ah bilih tebih teuing mengkol tina jejeran diskusi. Ngan sok boga rasa hararese mun nyarita pajajaran saolah-olah ngalawan muslim, mun nyarita islamisasi saolah-olah teu belapati ka pajajaran. Meureun ieu teh ku anggapan nu teu karasa nu nganggap yen sunda teh identik jeung pajajaran wungkul.Salamjalakpakuan
nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Assalamu'alaikumDulur - dulur Kuring saimanCarita mas'alah kiamat geus deukeut teh mantak reuntas harepan keurkuring mah. Mending oge urang nyaritakeun kumaha carana nanjeurkeundeui islam ngaliwatan leungeun - leungeun urang Sunda.Apanan sawaktu Khilafah Islamiyah saperti Umayyah, Abbasiyah, Fatimiyah,Seljuk, Turki usmaniah, safawiyah jeung Moghul eukeur jaya - jayana jadinagara adidaya dijamanna. Ari urang Sunda mah harita masih keneh musyrik,kafirin jeung jahiliyah.Urang Sunda mah teu ngalaman kajayaan islam, kakarak oge panggih jeungIslam pan langsung dikepung ku Trio Demak, Cirebon jeung Banten.Tuluy nagarana diobrak - abrik ku Banten. Sanggeus nyeri ditandasa Bantentuluy dijajah ku Mataram nepi ka leungit budayana, sanggeus kitu teu liladi gadekeun Sunda teh ku Mataram ka Walanda. ti saprak harita ampleng -amplenganurang Sunda teh di jajah Walanda mang abad - abad lilana. tuluy di dina perang dunyakadua urang Sunda lalakina dijieun romusha sedengkeun awewena dijieun jugunianfu(hadena US mah bageur teu ngadat siga urang China jeung Korea).Sanggeus merdeka kulantaran pangawasana urang wetan nya heueuh weh UrangSunda dimarginalkeun, nepi ka kiwari urang Sunda mah teu leupas ti kanyeri tehngan ku untungna teu daekeun ari murtad mah.Jadi lamun urang nyaritakeun kajayaan Islam da urang Sunda mah teu ngalaman,tapi lamun urang nyaritakeun kiamat geus deukeut edek kumaha urang Sunda tehatuh da acan ngarasaan jadi urang islam dina jaman jayana. Hayu ah ayeuna mahkumaha carana supaya urang Sunda teh jadi pajoang eukeur nanjeurkeun Asma Allahpaling henteuna nya di Pasundan weh heula.Kuring hayang ningali Pasundan teh nanjeur ngaliwatan Syariat Islam, entong nyerinawungkul rarasaan teh geus lila teuing meunang kanyeri teh. kuring mah enggeus bosenningali Pasundan ngan jadi "pelengkap penderita wungkul".Baheula waktu urang Sunda masih kafir urang Islam mergasa urang Sunda, ayeunagiliran urang Sunda jaya ngaliwatan agama Islam. aminWassalamu'alaikumNana Sutrisna
"R. Duli Dimyati D." <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Abdi kantos maca tulisan Ust. Ihsan Tanjung, perkawis Kajayaan Umat
Islam, cenah saur anjeunna sarengsena perang antawis Dajjal+Kafirin
ngalawan Umat Islam anu dipingpin ku Nabi Isa sareng Imam Mahdi, anu
dikengingkeun ku Umat Islam, dunia ieu bakal dipimpin ku Nabi Isa
sabaraha puluh tahun, waktos eta pisan Kajayaan Islam teh kumargi
musuh2na tos teu gaduh kakiatan deui.
Saatosna Nabi Isa ngantunkeun, Umat anu Islam teh ngirangan dugikeun ka
seepna, kantun kaum kafirin, janten kantun ngantosan countdown to
kiamat.
Mula na perang perang antawis Dajjal+Kafirin ngalawan Umat Islam, saur
pamendak Ust. Ihsan mah moal kirang langkung ti 40 taun deui. Kaalaman
moal kurang urang nya?
Kitu cenah, mung duka ari leresna mah anging Allah Nu Maha Uninga.
-----Original Message-----
From: Rukayadi Yaya [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: 16 April 2005 15:19
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Baheula Yahudi ayeuna Islam
Baraya,
Baheula Yahudi dibeberik, diubrak-abrik, diruksak,
ditandasa, ditandasa, diusir jeung sajana. Ayeuna umat
Islam, sapertos di Moros Filiphina, di Thailand, di
China (Aighur), di Nagara-nagra Eropa Timur, di
Bosnia. Atuh di endonesia ge sami, di Ambon, Poso....
Yahudi ayeuna metik hasilna sanggeus diubrak-abrik,
ayeuna manehna nu ngawasa dunya sacara duniawiah,
Yahudi dimana-mana kuat.
Cik naha urang islam ge engke sanggeus 50-60 tahun
bakal ngawasa sapertos bangsa Yahudi ayeuna????
Naha aya tidituna (qur'an, hadist) yen dina akhir
jaman umat islam bakal ngalaman nasib sapertos bangsa
Yahudi 50-60 tahun kaliwat.....
Cik mangga pedar, mangga Kang Oman....mama ajengan
geura pedar.
KangYa
Ngalimba ningali umat islam ditandasa
__________________________________
Do you Yahoo!?
Plan great trips with Yahoo! Travel: Now over 17,000 guides!
http://travel.yahoo.com/p-travelguide
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Make Yahoo! your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Mail Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Plan great trips with Yahoo! Travel: Now over 17,000 guides!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

