Keur kuring mah, kasus kang Mulyana teh minangka
eunteung kaayaan kabeh lembaga pamarentahan anu aya di
nagara urang. Modus operasi korupsi kawas kieu geus
karandapan ku kuring lain sataun dua taun, keur mangsa
kuring jadi pegawe negri keneh di Dirjen
Anggaran-Dept. Keuangan, anu memang tugasna mariksa
jeung mangmayarkeun tagihan ti rekanan/supplier
lembaga pamarentah. Lain nginjeum ceuli nginjeum
mata, kuring mah geus apal pisan kalakuan pegawe KPU
(utamana anu di Sekjen) anu direkrut ti kalangan
birokrat. Kepala Biro Keuangan na (Hamdani Amien) anu
mere traveler cheque ka kang Mulyana teh kungsi jadi
dunungan kuring ti taun 94-97 keur manehna masih keneh
jadi Kepala Pusat Data Anggaran Bandung. Malah mah
lamun manehna keur pakepuk, kuring sok mindeng dititah
ngagantikeun manehna jadi dosen di UNPAR ngawulang
mata kuliah Sistem Keungan Negara. Kungsi oge nungguan
imah dinesna di jalan Cikutra, lamun manehna keur
dines ka luar kota. Staf-staf na anu di KPU oge aya
baturan kuliah sa-angkatan . Anu ngauditna oge
(Khairiansyah) sarua batur dahar di Warsun Gang
Jengkol-hareupeun kampus STAN.
Kumaha cara ngolo auditor BPK, BPKP, jsjb lain
pagawean nu aneh keur manehna. Da memang geus ti
baheula na meh unggal taun pagilinggisik jeung BPK
ngagarap bahan keur ngaudit Departemen/Lembaga Non
Dep.
Jadi.. ceuk kuring pribadi, ieu mah lain rek ngabelaan
kang Mulyana pedah anjeuna urang sunda, tapi memang
uteuk jeung gegedugna kasus ieu angger eta eta keneh.
Enya siga lauk buruk milu mijah. Birokrat-birokrat
heubeul anu direkrut KPU. Jadi we, cara gawe jeung
sistemna oge kababawa ka KPU oge. Mung hanjakalna,
kunaon kang Multaya nepikeun kabawa-bawa ka anu teu
sakaba-kaba kitu. Kemungkinana aya tilu, manehna
memang percaya ka anu ngaharewosan penyelesaian audit
ku cara kitu bari jeung disingsieunan (kabuktikeun
manehna ngodok pesak sorangan keur mayar auditor BPK).
Atawa memang kang Mulyana geus teu siga baheula
idealis keur masih keneh jadi aktivis. Atawa memang
aya skenario gede keur ngaruntagkeun kepercayaan
masyarakat yen aktipis oge sarua manusa... boga rasa
boga cinta. Cinta dunia...
Kitu sigana mah...
Tapi duka teuing ketang ah...
Moal mikiran deui anu kararitu.
Matak jangar emut dosa keur jaman baheula pipiluan...
hiyyy..
baktos akos
__________________________________
Do you Yahoo!?
Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard.
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/