Lamun urang nyaritakeum mas'alah pamali kuring asa kaingetan kana
film Troy. Dina film eta digambarkeun aya peperangan antara bangsa
Yunani eujeung bangsa Troya.
Bangsa Yunani digambarkeun salaku bangsa anu logis anu teu percaya
kana mitos, ieu digambarkeun dina film saperti si Achilles ngancurkeun
patung dewa. Manehna henteu percayaeun lamun ngancurkeun kuil
bakal dikutuk dewa.
Sedengkeun bangsa Troya digambarkeun salaku bangsa anu percaya takhayul,
loba mitos jeung loba PAMALI. ieu digambarkeun saperti raja Troya boga
kayakinan yen Troya ditangtayungan ku dewa jadi moal aya anu ngelehkeun, teu
meunang nyempad omonganna para pandita, omongan pandita tetep dianggap
bener sanajan henteu rasional.
Akhirna peperangan dimeunangkeun ku Yunani (logis) jeung burakrakanna Troya (Pamali)
Mamat rachmat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mamat rachmat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
6. Ulah ngalengkahan jeujeur... tara beubeunangan...
Wass,
JJKKPKS
> ieu pamali jang bojo nu keur kakandungan;
>
> 1. mun rek mandi mawa andukna ulah dibeulitkeun ka beuheung
> 2. mun ngadahar emameun nu ditakir buru buka takiranana
> 3. Ulah puka-paku (boh kana tembok boh kana tempat sejena)
> 3. Mun ningali nu araraneh, pikasieuneun, buru-buru
ngucapkeun, "Paralun."
> 4. Ulah kaluar imah ti peuting (sanggeus magrib sampe subuh)
> 5. ulah mandi ti peuting
> 6. ....
> 7. ....
> (saterusna poho deui, euy)
>
> Wasalam,
> Durachman
>
>
> -----Original Message-----
> From: [email protected]
[mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Behalf Of Cecep Wahyu
> Sent: Monday, April 18, 2005 8:56 PM
> To: '[email protected]'
> Subject: RE: [Urang Sunda] Pamali
>
>
> heuheuheuheuheu...Hatur nuhun ah kang SR Juragan Keom...
> ubar rieur yeuh... sok ateuh tambihan deui..
>
> mairan ngeunaan " PAMALI"... ceuk kuring sorangan mah da ahhh...
teu asup
> kana logika mah lewat wae...
> saperti teu meunang nagog di lawang panto..kan cenah pamali
bakalan
> nongtot jodo... tah baheula sok dicarek kunu jadi kolot teh cenah
bisi
> nongtot jodo..ahh dihajakeun wae... jeung ngenta alesan anu logis..
> tah geuningan anu jadi indung teh rek liwat eta lawang panto
bari mawa
> bungkusan..kulantaran aya kuring keur nagog didinya, jadi kan teu
bisa
> liwat? tah anu benerna mah anu logis nya teu meunang nagog
dilawang panto
> teh kulantaran ngahalangan jalan.. sami jeung anu lain samodel
ngagunting
> kuku peuting peuting... teu meunang soteh baheula keur can aya
listrik da
> logikanamah bisi anu kagunting teh lain kuku tapi oge kulit /
daging ramo
> urang..tah geus aya listrikmah da caang kabeh jadi meun enya
nepikeun ka
> gunting oge salian ti kuku eta mah alatan teu ati ati weee...
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Plan great trips with Yahoo! Travel: Now over 17,000 guides!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

