Euh kitu. nya milu bae lah. Ngan jigana anu aranna
korupsi eta moal bisa diberantas, sarua bae jeung judi
(ngadu) jeung prostitusi. Mungkin bisa leungit atawa
ngurangan lamun juragan PULISI, JAKSA + HAKIM sabage
penegak hukum, geus bisa ngajalankeun tugasna sakumaha
benerna. Eta mah rek pulisi nu di jalan (pulantas) +
jaksa + hakim, rek di daerah atawa di pusat. Salila
juragan2 eta can balener mah, tong diharep korupsi
leungit.
Conto leutik urang ngurus SIM, lamun teu make jasa
pulisi tong miharep sakali lulus, pasti 2 atawa 3 kali
datang ujian, tungtungna make calo oge, beyana pasti
leuwih badag batan nu langsung make calo. Lamun
perpanjangan, enya bisa ngurus sorangan ku beya
saharga tarif aslina, ngan waktuna ti isuk tepi ka
sore (minggu kamari kuring ngurus perpanjangan SIM C
di Tangerang, beak Rp90 rebu tarip asli (bayar sidik
jari Rp5 rebu, Asuransi Rp15 rebu, Kesehatan Rp10 rebu
+ Bank = Rp60 rebu) ti isuk jam 8.30 WIB, anggeus jam
13.30 WIB. Batur nu make calo cenah dipenta Rp250 rebu
ngan memang gancang anggeus. Alhamdulillah kuring mah
ngurus sorangan lila oge dilakonan itung-itung piknik
wae.
Tah lamun pulisi jujur, pasti hasil pamariksaanna oge
bakal saperti kajadian nu sabenerna.
Kitu deui lamun jaksa + hakim jujur pasti moal aya nu
salah leupas.
Cag ah loba teuing ngacaprukna.
Jaka
--- akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Joko, pajarkeun bodo teh ceuk nalar urang anu
> normal. Mung nyaeta lah, hanjakalna di nagara urang
> mah nalar jeung kanyataanana pan tibalik. Ongkoh
> urang
> kabeh ngaku yen nagara urang teh kaasup nagara
> pangkorupna, tapi leres ceuk kang Joko, dina
> kanyataan
> euweuh koruptor anu ditewak.
> Kaayaan kieu teh pedah teu aya peraturanana kitu? Ah
> hanteu pisan. Aturan mah geus aya satumpuk, namung
> kanyataanana saeutik pisan anu dijalankeun. Aya oge
> peraturan anyar meunang rekayasa keur nutupan borok
> sorangan.
> Sok bae tingal dina kasus KPU, geus puguh harga
> printer Epson Type anu-anu di pasaran mung Rp1,3
> Juta.
> Ieu mah kalahka meuli ti rekanan anu hargana Rp.1,6
> Juta, bari jeung rekananana eta-eta keneh ngan ganti
> samping wungkul. Ceuk sasama koruptor anu arek
> miluan
> tender eta teh, enya PT Anu mah pinter negosiasi na.
> Ari ceuk urang mah,...belegug pisan pan.
> He he he punten ieu mah kuring keur ngacapruk
>
> Akos
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard.
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/