Kuring oge aya kereteg mah nyieun artikel ngeunaan Dewi Sartika atawa Lasminingrat dina raraga hari Kartini teh, ngan nya kitu tea, kereteg tinggal kereteg, kahayang tinggal kahayang. Keur mah teu biasa tulas-tulis, nyiar bahanna ge teu gampang geuning, komo bari kakurung ku hanca pakasaban mah.... Nya poe Kartinina mah diayunan bae, tapi ku cara nembrakkeun jasa-jasa kaom wanoja urang nu geus prak bajoang, malahan samemeh Kartini.

jk

On 4/19/05, nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kumaha nya kang lamun di Jawa barat ngayakeun poean
pangeling - eling Dewi Sartika henteu ngan wungkul Kartini
sabab ceuk pamanggih kuring mah dina bajoangna Dewi
Sartika ngabogaan bukti anu nyata saperti ngadegkeun
sakola istri anu ceuk beja mah eta sakola istri teh 50 persen
dina sakola - sakola anu aya di Jawa barat waktu harita (cenah),
sedengkeun ari Kartini sok sanajan loba tulisanna anu inspiratif
ngeunaan "kesetaraan jender" tapi dina kanyataanana eta ngan
pilakadar wacana anu henteu jadi bukti konkrit, barijeung eta ge
ku para ahli masih diperdebatkeun naha bener Kartini dina umur
masih rumaja bisa nulis samodel kitu.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke