Beu, ieu mah lain sakadar tarucing atuh.... kedah ngaguar sajarah Betawi (Babad Tanah Betawi : Ridwan saidi)

Asalna mah namina t�h Kalapa. Terus jadi Jayakarta, Batavia, terakhir jadi Jakarta nepi ka ayeuna.

Eta parobahan teh dugi ka ayeuna rame jadi bahan perdebatan kusabab pakuat-kait jeng hari jadi kota Jakarta.

Singketna mah kieu :

Nalika gabungan tentara Demak (Sultan Trenggono) jeung Carbon anu dipimpin Fatahillah sukses ngusir Portugis ti Sunda Kalapa, eta Kalapa diganti jadi Jayakarta anu hartina ‘Kota Kemenangan Yang Besar / Nyata’ . Numutkeun sajarah, ieu di-quote tina ayat qur’an ...” inna fatahna laka fathan mubina..” anu terjemahan bebasna kana sansekerta : Jayakarta

Fatahillah dipapancen kudu nyepeng ieu wilayah. Tapi kulantaran keukeuh hayang netep di Carbon, tugas didelegasikeun ka Kyai Bagus Angk� / Tubagus Angk�.

Tahun 1619, VOC datang ngancurkeun sagala rupana. Ku Jans Pieter Coen, Jayakarta diganti jadi Batavia.

 

Sakitu heula... Cag....

 

 


From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of nur syam
Sent: Wednesday, April 20, 2005 3:13 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Tarucing Batawi

 


Aya tarucing urang sunda jeung urang batawi ngenaan
asal-usul nami kota jakarta. Ceuk urang batawimah
jakarta teh asal kecapna tina jayakarta, teras we
janten jakarta. Eta ceunah aya suku kata au
dileburkeun.
Ceuk urang sunda keukeuh yen jakarta teh tina kecap
anu kawitna bahasa Arab. Cing baraya saha atuh terang nya?

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke