Baraya,
 
"Alang-alang" atau "ilalang" basa Sunda-na = eurih. Eta tatangkalan kalebet gulma atawa hama tutuwuhan anu jadi sorangan anu ngaganggu pepelakan. Pikeun numpes ieu hama gulma, biasana digunakeun herbisida. Dulur urang ti US, Kang Idrus Gunawan, parantos nyiptakeun herbisida anu namina Glyfox, pikeun maehan sarupaning gulma, kalebet eurih.
 
Glyfox leuwih jugala tinimbang produk di kelasna ciptaan LN. Baheula, di era HMS, salah sahiji merk herbisida LN di Indonesia kungsi diagenan ku Bambang Trihatmojo (putra mahkota HMS). Harita eta merek sieuneun ku Glyfox, sieun kaelehkeun di pasar;  tepi ka Glyfox mindeng diulem tender khusus keur dielehkeun (kalawan dibere "uang geser", lamun teu daek rada diancem). Kang Akos, Kang Tirta, Kang Ikmal sareng sababaraha dulur urang kungsi ningalian Glyfox di pabrikna di Panaruban.
 
Diantara kaunggulan Glyfox sarupa kieu: maehan gulma, boh gulma jenis daun lebar atawa daun sempit (produk sejen buatan LN, kudu make dua rupa herbisida pikeun maeha sakabeh jenis gulma; Glyfox mah ngan ukur perlu waktu 2 jam teu huja sanggeus nyeborkeuna kana gulma (produk sejen buatan LN perlu waktu 5 jam ulah hujan sanggeus nyemprotkeuna); leuwih murah ampir satengah harga herbisida produk LN.
 
Lain promosi ieu mah, ngan netelakeun bae yen US teh teu katinggaleun teuing, buktina nya ieu GLYFOX anu leuwih unggul ti produk sejen di kelasna. Sajabi ti Glyfox, Kang Idrus oge nyipatekun HYDRASIL (hormon zat pengatur tumbuh tanaman), MMACROSIL (gemuk organik encer), jrrd. Mangga, ka sugri anu miharep pedaran langkung paos ngeunaan herbisida GLYFOX areng produk Kang Idrus sanesna, ngajapri bae ka sim kuring. Sanes lumayan deui, upami urang tiasa ngokolakeun taneuh anu tadina gamblung (karana pinuh ku eurih) karana migunakeun Glyfox; atawa ngaronjatkeun produksi tatanen dugi ka 2 lipet (100%), karana migunakeun Hydrasil + Mmacrosil.
 
Baktos,
manAR
 
 
On 4/20/05, Didi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Alang-alang atau ilalang mun dina basasunda mah eurih tea wak muhun
tangkalna jiga pare, sumuhun masih keneh famili jujukutan. nya ari rek
ngajual mah kedah kapar wak, hehehehe. keur jaman can aya cet tembok, tah
lamun rek, mulas tembok teh sok make kapur/apu, tah jaman harita mah can aya
kowas, dina aya oge mahal pan. tah gaganti kowas teh make eurih tea atanapi
alang-alang. tangkalna anu diarah teh, dikeueum teras diprek-prekan sina
gepeng jeung lemes siga kowas.

Have a nice day &
Best Regards
Kang Didi

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[email protected]]On
Behalf Of Julaeha, Siti

Hatur nuhun pisan kangge sadayana, kieu geuning manfaatna pami seueur baraya
teh.

Saleresna mah anu diperyogikeun teh : pegagan / antanan, sambiloto ( buah
sareng daunna anu garing ), akar alang-alang ( anu kumaha nya ? ),
brotowali, kumis kucing.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give underprivileged students the materials they need to learn.
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke