Kang Tatang Es,…punten yeuh nembe kawaler, kamari teh kenging dua dinten teu ka kantor da aya parentah kedah ngiring pelatihan konseling, perkawis buku buku Sunda atanapi buku basa Indonesia ngeunaan Sunda anu kamari dijantenkeun bahan bacaanana eta mah mung sakadar ngebrehkeun yen saleresna mah aya buku buku kasundaan anu tiasa dijantenkeun referensi.

Biasa kenging buku eta sok laha loho boh ka tukang loak boh naroskeun ka balad sanesna, raraosan mah buku Ensiklopedi Sunda tiasa dipesen ka penerbit majalah Cupumanik Jl Karawitan 46 Bandung, Artefak Budaya Sunda aya di Gramedia Bandung, Si Kabayan Manusia Lucu mendak teh di toko buku Kharisma Jl Buah Batu Bandung, mung buku Manusia Sunda tos rada sesah, eta ge mendak teh di Palasari.

Upami bade motokopi mah mangga bae, atuh upami ka Bandung mah mangga we nyimpang ka rorompok, urang ngobrol.

 

MSasmita

 

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of taso komiko
Sent: Tuesday, April 19, 2005 10:57 AM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Heureuy Bandung

 


Anu dipihormat
Bapa MSasmita

Ngahaturkeun rebu nuhun kana waleran sareng paparan
anu sakitu kumplit tur comprehensive. Alhamdulillah
guaran Bapa teh tos nyaangkeun kakuperan sim kuring.

Atuh salajengna, tah ieu mah kabiasaan sim kuring sok
kabitaan, kabita ku koleksi sumber-sumber tulisan
Bapak sapertosna kamus, kumpulan carita, jrrd. Kumaha
carana supaya sim kuring ngagaduhan buku nu sami.
Upami aya di toko, toko nu palih mana...., upami teu
aya di toko atuh manawi tiasa motokopi supaya langkung
ngagebray caangna kasundaan sim kuring teh lain ngan
ukur cenah ti ditu, cenah ti dieu.

Hapunten kumawantun.

Baktos
Tatang Es Bandung

 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke