Assalam,
Hapunten ka sadayana, simkuring ngiring minuhan milis, bade ngawaler pangangkenna batur salembur, baraya sadesa. Hatur nuhun Kang Rahmat, kana pangangkenna. Upami terang mah, rorompok teh di Kawunggirang, jalan anu ka Maja tea geuning. Saparantosna tanjakan. Ayeuna janten kuli elektronik di Cibitung Bekasi. Dupi Akang di Kadipatenna di mana? Tos lami ngalalakon di Depok? Ka sadayana, simkuring teh maksad mah bade milarian saha anu terang aya anu ngagaduhan aksara sunda atanapi terang situsna. Sok ngahelas, ari basa deungeun, aksara deungeun, dipalire. Ari basa sorangan teu terang sahurup-hurup acan. Sanaos tos teu umum oge, da kedah terang atuh. Komo upami nuju diajar aksara Korea atanapi Jepang, sok ngemut, da tulisan Sunda atanapi Jawa oge teu kirang-kirang endahna geuning. Hoyong teh, tiasa nyerat. Hatur nuhun sateuacanna. Wassalam, Tedi , --- In [email protected], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Mangga kalebet kang Tedi, nepangkeun wasta kuring m > rachmat rawyani, kalahiran majalengka (kadipaten), > ayeuna damel janten pns (staf administrasi UI) sareng > nganjrek di Depok. Ti Majalengkana palih mana? --------------X diteukteuk ku kuncen #5 ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

