Assalaamu'alaikum wr. wb. Neda dihapunten wireh nembe ayeuna sim kuring tiasa ngalongok deui milis urang sunda. Mugi wargi-wargi sadayana dina wantos ieu sareng sapapaosna sing aya dina sehat walafiat ginanjar kawilujengan. Sim kuring Alhamdulillah sehat, lami teu nganjang sanes tos hilap nanging rarepot bae, ayeuna ge bakat ku sono bae bari sakantenan aya kaperyogian, manawi aya nu tiasa ngabantos. Nyaeta peryogi bantosan ti wargi-wargi nu kaleresan linggih di kampung-kampung/padesaan di jawa barat (atanapi kagungan wargi di kampung) oge anu linggihna caket ka Gunung Kidul, Jawa Tengah. Ngadongeng heula atuh nya :-) Ti kawit ngadegkeun Annisa Indonesia ping 21 April 2004, Alhamdulillah aya kamajenganna, boh dina program anak-asuh, program bea-siswa (SD/SMP) oge kagiatan kemanusiaan anu sanesna kanggo sakola di Aceh. Supados tiasa ngabantos langkung seueur deui murangkalih yatim sareng nu sepuhna kirang mampuh, sim kuring teh peryogi langkung seueur volunteer anu sami-sami palay ngabantos murangkalih hususna ti padesaan. (ari di kota mah sawios heula da seueur yayasan anu sanesna) Ti Tasik sareng ti Garut, parantos aya. Kantun ti kabupaten- kabupaten anu sanesna (supados walatra). Bantosan anu diperyogikeun nyaeta, ngadata murangkalih SD + SMP anu peryogi dibantos, ngintunkeun fotona, sareng masihkeun santunan Program Anak Asuh tiap sasihna upami murangkalihna tos pajeng/aya nu nga'sponsor'anna. salami teu acan pajeng oge moal bolostrong, bakal dipaparin bea siswa kanggo bayaran sakola sataun. Upami anu kaleresan caket ka Gunung Kidul, Jawa Tengah mah, diperyogikeunna kanggo kontak ka sakola-sakola sareng nyungkeun data murangkalih nu teu mampuh ti kapala sakolana (teu kedah angkat nyalira via serat bae pilari alamatna dina buku telepon), taun ieu yayasan Alhamdulillah bakal tiasa masihan bea siswa kanggo antawis 100-150 urang murangkalih SD sareng SMP di Gunung Kidul, kumargi amanat donaturna palay di ka Gunung Kidul-keun, upami dipengkolkeun ka jabar mah bilih matak pundung donaturna heg keuh teu nyumbang deui :-). Sakitu bae, diantos wartosna, hatur nuhun sateuacanna. Aeh, kanggo MJ hapunten, teu acan keneh tiasa nyerat anu dipundut tea, kumaha nya? sanes henteu dicobian tapi sesah geuning. Baktos, Lies Parish ------------- Annisa Indonesia Foundation - Providing a brighter future for Indonesian children www.annisa.org
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

