Inna lillahi wainna ilaihi rajiun. Ngiring belasungkawa ka Kang Iyan. Mugi almarhum ditampi iman, islam & amalna, dilegakeun & dicaangkeun alam kuburna. Atuh ka Kang Iyan & kulawargi dijembarkeun manah kaihklasanana ku dikantunkeun almarhum.
 
baktos
tirtawidjaja

[EMAIL PROTECTED] wrote:
Ass.

Innalillahi wainna ilaihi rojiuun
Parantos ngantunkeun pun aki anu di pika nyaah ku abdi dina dinten saptu
kaping 14 rabiul awwal 1425 H tabuh 8 enjing tadi,
Mudah mudahan amal ibadah anjeun di tampi ku ALLOH SWT amiin.
Pun aki teh ngagaduhan panyawat leukimia, jantung sareng darah tinggi
sering di rawat di RS Al Ihsan Baleendah Bandung,
Tah dinten ieu anu terahir anjeuna nincakeun di eta RS kanggo saterasna
aya dina alam anu beda sareng urang sadayana.
Alam anu bakal ku urang di sorang, tah ku kituna mangga urang siap siap
kanggo mayunannana
Sim kuring sakaluarga nyuhunkeun di hapunten boh bilih aya kasalahan
anjeuna waktos jumeneng di alam dunya.

Wassalam.
Iyan
incu anu mikanyaah ka pun Aki.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke