Kang Dedi, Pih Siddik ... 
Benten panginten barangna (Pih Sidik = Garpit intl) Kang Dedi mah 
Garpit biasa. Upami nu di Indo sareng Korea, tiasa janten memang 
ngahaja dibedakeun. Pan biasa pikeun peusahaan beda pasar beda 
spesifikasi produk. Sigana mah Korea dianggap langkung tiris tibatan 
Indo, janten we ditambihan tar/nikotin-na supados langkung haneut. 

Numutkeun abdi mah, nu langkung penting teh sabaraha angka ambang 
nikoten/tar nu tiasa ditampi ku awak urang.

Meureun panginten eta oge, da abdi mah tara ngaroko ..
baktos
Yudi



--- In [email protected], Dedi Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> kaleresan si kuring teh nuju nyakuan garpit, barang ditingali naha 
kandungan tar sareng nikotinna mah rada benten sareng nu aya di dieu 
nya? di dieu mah diseratna teh tar : 30mg, nikotin : 1.8mg. sok ah 
dipurak bahan diskusina supados rada ngartos, khususna kanggo nu 
nyesep :-)
>  
> cag,
> dedi s.
> 
> Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ieu mah tambi sepi we...... Kanggo anu sok kunyat-kenyot roko siga 
sim abdi,  anu tara mah talapung wae. Khusus kanu sok nyesep roko 
Gudang Garam International (Garpit), dina bungkusan roko Garpit 
palih gigir, aya seratan : TAR : 35 mg sareng NIKOTIN : 1.7 mg , 
leres kitu...???. Hiji-hijina roko Indonesia anu resmi lebet ka 
Korea sareng gaduh perwakilan di Korea mung Gudang Garam wungkul, 
sedengkeun upami di Korea mah sagala anu dikonsumsi ku rahayat, 
kedah disebatkeun ; bahan sareng kandungan dilebetna.
> Wangsul kana masalah TAR sareng NIKOTIN dina Garpit, di Korea eta 
seratan dina bungkus Garpit ditutup ku stiker nganggo tulisan 
Korea,  TAR : 42.6 mg sareng NIKOTIN : 2.04 mg.
> Anu janten patarosan mana anu leres  TAR : 35mg/NIKOTIN : 1.7mg  
atanapi 
> TAR : 42.6mg/NIKOTIN : 2.04mg.
>  
> Salajengna mangga nyanggakeun kapara wargi khususna anu terang 
kana perkawis nukararitu da sim abdi mah lapurrr...
>  
> Pihatur
> ssw





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke