Lamun dagang degeng, pasti camberut nya !

Jaka

--- ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> Bulan Puasa dua taun katukang,
> kuring mawa sirop jeruk nipis ka kantor, aya
> babaturan nu nitip.
> Kabeneran aya nu datang ti lembur, sakalian bae
> dibawakeun.
> Bentukna mah biasa we jiga sirop nu lian, malah
> gendulna oge teu pati
> alus buatanana. Nu matak alus teh borongsong awina,
> salian ti
> ngabungkus gendul nu goreng eta, sakalian ambih
> babari mawana, teu
> kudu make keresek. Merekna "Kencana", buatan
> Ciawigebang, Kuningan.
> 
> batur saruangan di kantor pada nanya, meuli ti mana,
> hargana
> sabaraha, malah aya nu menta pangmeulikeun nepi ka
> 20 gendul, keur
> lebaran cenah. Nempo kaayaan kitu teh, ujug2 naluri
> bisnis kuring
> hurung, heu..heu..
> ...Dagangkeun ah...!
> eta sirop nu dua gendul teh, dua tilu poe mah
> digigiwing we kaditu-
> kadieu, ka unggal bagian bari ditatawarkeun.
> Tungtungna, nu dua
> gendul teh ledis diarasaan. Tester cenah..
> 
> Babaturan nu mimiti pesenna mah nyamos..ngegel
> curuk..! hi..hi..
> 
> di jumlah-jamleh, nu pesen teh aya kana 150
> gendulna.
> kuring langsung ngahubungi ka pabrikna, untungna
> lanceuk nu di
> cirebon kungsi kaditu, jadi teu kudu aprak-aprakan
> deui neangan.
> kuring pesen 200 gendul, ngan ceuk nu gaduh
> pabrikna,
> ".. kedah 50 Dus paling sakedik pami hoyong
> dijajapkeun mah.."
> "euleuh..kumaha ngajualna mun loba-loba kitu ?
> sa-dus = salosin, 50
> dus= 600 gendul, kumaha mun teu payu ?", ceuk
> kuring.
> Ngan kagok asong, ku kuring disanggupan.
> 
> Lebaran sapuluh poe deui,
> peuting-peuting, keur jemplang jempling, gurudug aya
> mobil treuk
> eureun hareupeun imah, mawa sirop. teu talangke, 50
> dus teh
> ditumpukkeun ditengah imah kuring nu puguh geus
> heurin teh tambah
> heurin.
> 
> Isukna kuring mawa 10 dus ka kantor, nginjeum mobil
> babaturan. Sapoe
> eta mah teu gawe, kalah sibuk ngaladangan nu meuli
> sirop, kitu deui
> isukna, nepi ka saminggu. Untungna pagawean mun rek
> lebaran mah rada
> salse. Jadi dunungan ge teu pati merhatikeun...
> 3 poe deui ka lebaran, sirop ditengah imah ngan
> nyesa sagendul..
> 50 dus beak..kuring sura seuri sorangan jiga sero,
> bari ngitung duit
> hasil dagang saminggu jeput. Kabeh mayar kontan,
> ngan aya hiji dua
> aya nu rek menta, ngan ku kuring ditegeskeun yen ieu
> mah keur dagang,
> kudu mayar. Menta mah parkara nu sejen, untungna
> ngalartieun,
> kapaksa balayar kabeh..hi..hi...
> 
> gendul sirop nu tinggal hiji-hijina ku kuring
> dibuka, dituangkeun
> kana Teh panas dina muk, regot kuring nginum bangun
> ku nikmat...
> 
>
......................................................................
> 
> 
> Ti harita kuring meunang elmu dagang. Kahiji, Boga
> kahayang. Kadua,
> Piceun ka era. Katilu, kudu tega. Meureun eta elmu
> teh geus diparake
> kunu daragang mah, ngan kuringmah meunangna tina
> pangalaman sorangan.
> 
> Nepi ka ayeuna, sok jadi resep kana dagang teh.
> Sakapeung sok
> mangdagangkeun barang boga babaturan. Tapi dagang
> sirop mah angger
> nepi ka ayeuna..
> 
> 
> -Nanang-
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor
> --------------------~--> 
> Help save the life of a child.  Support St. Jude
> Children's Research Hospital's
> 'Thanks & Giving.'
>
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
>
--------------------------------------------------------------------~->
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
>     [EMAIL PROTECTED]
> 
>  
> 
> 
> 
> 

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke