Ha....ha..... sae Kang Didi, (Test, bounching deui-bounching deui euyyy) zam
----- Original Message ----- From: "Didi" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Tuesday, April 26, 2005 2:30 PM Subject: [Urang Sunda] tah kumaha mun ku uing dihijikeun? > > Salawe > Boga duit salawe > Baheula mah bisa meuli satiir sate > Bisa meuli gorengan tempe > Bisa meuli langlayangan hade > Tapi ayeuna boga duit salawe > Teu mahi jang mayar ka wese > Komo deui jang mahugi awewe > Meureun bisa ngalelewe > Najan boga sarajut rebuan lawe > Tetep we nu ngarana duit salawe > Teu bisa dipake mayar najan ngan ukur saese > Tungtungna duit salawe diliangan dijarieun gengge > Deudeuh teuing duit salawe > Najan ngan ukur salawe > Duit sajuta moal jejeg mun kurang salawe > Tapi tetep dialana mah hararese > Mun awewe dibere duit balanja salawe sapoe > Paroman baketrut, letahna ngelel kawas anjing tas cape > Tapi mun dibere sapoe sapuluh rebuan lobana salawe > Paromanana ngadadak marahmay bari lunda lende > Ngalamun heula ah... meungpeung keur rada salse > Mun boga gajih lima puluh juta kurang salawe > Meureun kahayangan teh ngan ukur eta we > Hayang jadi kanyataan, meureun asyik kali ye! > > Lain rek ngalelewe komo deui mere lawe > da puguh duit lawe mah geus langka jeung hese > ieu mah estuning sarua keur pada-pada nyalse > atuh hawana teh hayang ngagelehe.... > > ulin di bandung moal cukup kusalawe > komo bari jeung mawa awewe > tapi kudu mawa bekel nu rehe > sok sanajan kurang salawe > > peo ieu hayangna mah dahar lele > tapi hanjakal euweuh nu mere > komo deui meuli ku duit salawe > tungtungna pikiran jadi bete > > Ayeeeeeeeeee.....!!!! > > Mun akang hoyong nuang lele > Ngusep di balong haji duyeh > Ngan kade tong bari mawa duit salawe > Bilih disangka meregehese > > Salawe > > Enya baheula mah kaasup duit gede > Kacida hesena neangan duit salawe > Kudu loba cabak, loba gawe > Gawe anu lain jore-jore > Unggal poe, tiisuk tepi ka sore > > Enya ayeuna lain kaasup duit gede > Tapi tetep hesena neangan duit salawe > Meureun pedah geus kaasup nu teu dipake > Da teu payu ka naon bae > Komo mun jeung mahugi ka awewe > > Baheula jeung ayeuna geuning sarua hese > Sarua hese neangan duit salawe > Sarua hese nengan gawe > Sarua hese sieun teu payu ka awewe > Sarua sieun teu kapake > > > Have a nice day & > Best Regards > Kang Didi > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

