Garut, ayeuna geus boga GP, Garut Plaza, di jl. Guntur.
Sababaraha minggu kamari, Garut jadi pribumi MTQ sa-Jabar, juara umum.
Sababaraha minggu ieu, unggal malem minggu, di Alun2 sok rame, cenah mah NONGTON BARENG KDI, ngarojong Gita, urang Samarang.
Dina Gatra edisi husus KAA, aya profil ngeunaan Kab. Garut. Cenah mah Garut teh keur geten2na ngawangun, oge ngusahakeun sangkan meunangkeun royalti ti Amoseas nu ngokolakeun PLTG Kamojang/Darajat, sabab cenah nepi ka kiwari Garut teu kabagean saehe-ehe acan tina eta usaha anu tohaga.
Pengkolan, puseur dayeuh Garut, ayeuna rada lening ti PKL, leumpang rada laluasa.
Di Tarogong, diwangun perumahan Intan Regency, hanjakal can kabedag ku nu kuli di Jakarta mah...
Di Wanaraja oge keur diwangun perumahan, tapi sarua can kabeuli...
Oge di Cimanganten, aya perumahan, sarua deuih can kabeuli...
Kasus manipulasi anggaran ku anggota DPRD edisi kamari can keneh rengse, aeh, geus rengse ketang, da euweuh bejana deui.
Embaran naon deui atuh nya, sakitu heula we....
On 4/27/05, Lukman Hakim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten Kang Is,Abdi bade tumaros kumaha perkembangan lembur urang digarut, naon bae anu berubah margi abdi ge tos lami teu mulang ka Garut.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

