Masalah ieu tos ti kapungkur jadi bahan padungdengan, jeung tetela fasilitas lampiran teh penting oge pikeun ngadugikeun hal-hal nu penting pikeun anggota milis, dina hal ieu, utamana tangtu nu pakait sareng kasundaan. Jadi, kuncen mutuskeun yen fasilitas lampiran ieu teu ditumpurkeun, tetep difungsikeun, kalawan ditegeskeun yen nu teu perlu/teu penting mah teu kudu dikirimkeun langsung ka milis: cukup diembarkeun, lajeng disebarkeun dumasar pamundut via japri.
Kitu, nuhun pamendakna...
jk
On 4/29/05, durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
maksud sim kuringteh nu diseting "noattachment" sareng "fileteype=text" milist Urang Sundana, kang. Sanes anggota milistna. Pan mun diseting milistnamah otomatis anggota milist US bakal tunduk ka setingan milist. Mun aya US nu posting make attachment pasti nu abus textna wungkul sedengken attachmentna bakal mental. Kitu deui mun ngirim emailna format html nu rame (aya gambar, aya backgorun text, aya laguan...) pasti asup ka milistnamah ukur textna wungkul.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

