Ngaran
Mun dititenan ngaran jelma sateuacana Islam asup ka tanah jawa/sunda loba nu make ngaran sato sanjan nu sanes ngaran sato oge loba. Cobian wae tingali. Aya GAJAHmada, aya HAYAMwuruk, aya MUNDINGlaya, aya CIUNGWANARA, jrrd
 
Ngaran urut kabogoh
PErnah hiji mangsa kuring naroskeun 'asbabun nuzul' ngaran anak babaturan kuring. Ceu kuring teh, "Kang, kunaon sih anakna dipasihan ngaran OLIVE? Ngarana alus, antik. Ari jawabanateh persis nu dicaritakeun ku kang Jalak, "Caritana saencana jeung bojo sayah nu ayeuna kuring pernah bogoh ka awawe ngarana OLIVE. Tapi hanjakal manehna teu bogoheun ka sayah. Jadi wae judulnateh....Kasih tak sampai. Kanggo pangbeberah manahna anak awewe sayah dingaranan OLIVE."
 
wasalam,
durachman
----- Original Message -----
Sent: Thursday, April 28, 2005 1:03 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] ngaran budak basa sunda

Ngiring ngarewong ah,
Kang Nana tumali jeung hal ngaranan budak pami teu lepat mah Rasulullah mere pituduh yen syaratna eta ngaran kudu boga harti nu hade nu mangrupakeun harepan ti kolot ka budakna, harepan kaayaan budakna dihirup hareupna.
 
Ceuk nu katampa ku kuring mah saprak urang  sunda ngagem Islam, eta ngaran kombinasi ngaran sunda jeung arab sapertos Acep Nuoor Zam-zam atanapi Euis Shalihah. Aya oge tradisi make basa sangsekerta, cenah ieu mah dipake ku nu ngarasa menak/turunan menak. Tah ari nu kieu mah rada babari da biasana tinggal ningali kana silsilah kantun milih bade nu mana nu rek diturunkeun. Tuluyna aya kombinasi basa sangsekerta jeung basa arab, eta teh cenah cirining jalma turunan menak nu oge kuat kaislamanana, umumna nu ti lingkungan menak pasantren.  Kumaha tren ayeuna? Kulantaran geus boga pangaruh global jadi barudak ayeuna mah marake basa deungeun. Dasarna mah tiasa ku kagum ka tokoh, atanapi nu nyimpen kenangan ka hiji tempat, kaayaan jrrd.
 
Janten pami aya niat rek mere ngaran ka budak, mangga dikawitan ku niat sareng nyipta harepan rek jadi naon atanapi rek kawas saha/kumaha budak teh kahareupna. Atuh ari ciri tambihan nu sejena mah numutkeun tren mah geuning bebas bae asal boga harti nu alus bae.
 
Wilujeng ka Kang Nana kangge ngawitan "nyipta"/ngarenung pikeun mere ngaran budak nu hade. Pangalaman kuring basa rek ngaranan barudak (3) teu babari, lian ti carita diluhur oge aya pan carita supaya budak teh teu beurateun ku ngaran nu ngamatakeun budak geringan.
 
Hiji deui aturan baku nu umum nyaeta mun mere ngaran ka budak lalaki teu kaci ngaran urut kabogoh pamajikan, oge mun mere ngaran ka budak awewe teu kaci ngaran urut kabogoh salaki  -:))


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke