Muhun kayungyun eta kang Obay pameget tiasa ngarekuh, abdi oge sok resep
upami maca postingan kang Syam lalucu malah sok nyakakak nyalira tah ayeuna
nambihan baladna. Kang Syam ari rorojeh teh naon?
 
Lilies

syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Yani,
He..he.. enya asa aya balad pas maca seratan kang Sobar teh.
Geuning pami bade ngarekuh mah gentos nami janten Obay hehe.
Kade ah ngarekuhna tong bedas teuing bilih totos sareng samak samakna
eta panginten nuju ngarekuhna emut ka peuting munggaran, janten bedas hehe
 
Rekuh diwewengkon abdi (SMD) panginten sok disebat rendos, ngarekuh = ngarendos
 
Bahan-bahan anu diperyogikeun kanggo ngadamel pencok mun teu lepat mah:
1. Kacang panjang ngora sacekapna
2. Uyah,tarasi, gula beureum, sacekapna
3. Cikur ( wajib pisan)
4. Bawang bodas ( teu pati wajib )
 
Murangkalih kapungkur sok ngadamel pencok/rujak kacang sok dina ruas awi
nganggo rorojeh minangka ulekanan tina dahan kai.
SR
 
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



D�couvrez le nouveau Yahoo! Mail : 250 Mo d'espace de stockage pour vos mails !
Cr�ez votre Yahoo! Mail

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke