Waalaikum salam wr wb
Tumali jeung fasilitas file nangkod, sim kuring ningal mangpaatna, janten prinsipna mah satuju bae fasilitas ieu teh angger diayakeun. Mung tangtos kedah aya "kisi-kisi" boh eusi boh gedena file nu ditangkodkeun. Saleresna ngeunaan eusi mah asana pada surti we "relevansi" naon-naon eusi nu rek ditangkodkeun. Ngeunaan "size", nya mun bisa mah di"Zip"keun atawa di"Pdf"keun heula meh teu hese & lila diaksesna.
Salam
jalakpakuan
E_Ruska_Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
E_Ruska_Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr. wb.
Wilujeng enjing baraya KUSnet mudah-mudahan urang
sadayana aya dina kawilujengan amiiiiiin......
Hampura baraya rumaos kuring teh rada langka ngilu
ngobrol di milis ari ngamoderatorna mah unggal poe oge
osok dan online terus, beuki dieu teh asa beuki
pakepuk ku pagawean he he....da geus bakat meureun ieu
mahnya bakat ku butuh he he......
Kamari teh rada rame perkawis file nangkod (attacment
file) anu dikintun ka milis perlu atawa henteu. Tah
kumaha urang jieun polling wenya di
www.urang-sunda.or.id da tangtos ieu teh aya nu satuju
aya nu henteu, supaya demokrasi cenah ceuk anggota DPR
mah heu heu....
Jeung hampura deui web kusnet teh
www.urang-sunda.or.id geus lila can ka update, sugana
tah loba baraya anyar aya nu gaduh ideu sok mangga
kaluarkeun ulah isin-lsin, sugan aya nu rek mantuan
ngaropean web kusnet heu heu.
Teu hilap kanu enggal nepangekun kuring kuncen #4 di
milis urangsunda, ari kawit mah kuring ti
indihiang-tasik ayeuna imah dibogor ari gawe mah di
jakarta jadi tukang ngahuleng hareupeun komputer.
Tos sakitu wae heula ah.
Wasslam,
Kuncen #4
@ERN
-----------------------------
http://www.urang-sunda.or.id
-----------------------------
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

