Nembe pisan kang Iyan nelp, saurna nuju di Ciparay, nelpna kana hp, sareng deui kaleresan nomer kang Iyan teu aya dina phone book, nya tadina mah teu apal yen nu nelepon teh kang Iyan, ngobrol we ngaler ngidul, ari disangki teh kang Hendri, da soantenna mirip2 kang Hendri.. Ari tos ngawangkong, teras dihaturanan kadieu, nya kersaeun tapi kedah disayogikeun pencok kacang.. okeh lah ceuk abi teh.. tapi saurna sateuacanna bade ka neng Lina (Lina Karlina) heula, nguping2 sual teh Lina, jug teg wae, yen eta teh kang Iyan... diteraskeun deui we ngobrolna.. ari tungtungna, anjeunna kalah naros, "Memang apal kitu yen ieu saha??" barabat ku abi dicarioskeun, ari kawitnamah teu apal, ngobrol we heula kamana leosna, koncina mah nyabit2 teh Lina, ah pastina oge kang Iyan si kumis baplang... kang Iyanna kalah kieu: "Haarrr, budak teh, dasar si borokokok sugan ieu mah!", abi mah ngagakgak weh, bari ingsreuk-ingsreukan da nuju emplu berat.. tos weh, da kang Iyanna pundung..
~ipup~ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

