Hatur nuhun kang Sas oge rengrengan Kuncen "urangsunda", kana kapercantennana,
mugi-mugi sim abdi tiasa ngemban eta pancen.
Insya Allah kanggo urangsunda mah pancen naon wae ku abdi moal ditampik.
Kanggo para wargi sadaya, timpah tipayun sim abdi neda dihapunten, bilih kapayun sabage kuncen aya seratan atanapi tindakan sim abdi anu kirang ngaraoskeun kana manah para wargi.
 
Pihatur
ssw
 
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya sadayana wargi Kusnet, kumargi dina danget ieu anggota Kusnet tos dugi ka 1370an, sedengkeun kuncen anu aktif mung aya 4, tangtos bakal rada kaboler upami sadayana anggota aktif.
Kukituna peryogi deui ngabenum kuncen#6, kalawan kasaluyuan ku kuncen sanesna ti ngawitan kaping 29 April 2005 Kang Siddik Wiradireja anu nganjrek di Korea ([EMAIL PROTECTED]) diangkat janten kuncen#6.
Mugi baraya sadayana maphum, atuh ka Kang Siddik mugi henteu nampik.

MSasmita
Kuncen # 2
An para kuncen Kusnet




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke