Assalamualaikum
Kang Durahman kumaha cageur?
kuring aya usul :
- Ngabakukeun jeung ngabukukeun tata basa jeung kosa kecap basa Sunda loma ka asup kamus basana
- Unggal basa dialek Sunda di bakukeun jeung dibukukeun tata basa jeung kosa kecapna nya ka asup oge "penyusunan" kamusna
- Kusnet bisa jadi paguyuban anu boga komitmen kuat dina enggoning nanjeurkeun "Sunda Islam jeung Islam Sunda" ku cara diantarana wae : siga kamari ngalayangkeun protes ka majalah ME tea, ngayakeun demo protes pendudukan elquds ku Israel, Nolak media - media anu nayangkeun porno aksi jeung pornografi jeung sarupaning kagiatan anu ngarugikeun Sunda jeung Islam. kucara demo, ngirim surat atawa nelpon media eta atas nama Kusnet, lamun pas keur kampanyeu urang kusnet oge milu ngakampanyeukeun tokoh urang Sunda anu keur makalangan. jeung sajabana anu pokona mah entong hare - hare wae lamun kaayaan alam keur harengheng sabab eta ngajadikeun urang Sunda teh pasif, teu katingali ketakna jeung jauh pisan dina sifat kritis.
- Kumaha nya lamun urang nyieun radio kusnet jajauheun TV mah waragadna gede teuing. kuring mah malah ngimpi nyieun radio - radio FM di Jawa tengah anu ngawartakeun kasundaan dina tilu basa. basa Sunda, basa Jawa jeung Basa Indonesia tapi 70 persen mah basa Sunda. sabab kuring ningali aya proses degradasi generasi Sunda di Jawa tengah jeung cenderung leungit kampung - kampung Sunda di Jawa tengah kusabab kaleungitan komunikasi jeung Sunda anu di Jawa barat. Sigana alus lamun di jawa tengah aya radio Sunda FM anu ngaranna Sanjaya FM, Kamandaka FM, Ciptarasa FM, Dyah Pitaloka FM, Linggabuwana FM, Galuh FM.
- Kumaha lamun kusnet anu ngokojoan dina mere perhatian ka urang sunda diluar Banten jeung Jawa barat. saperti kumaha carana supaya di daerah Cilacap jeung Brebes di ajarkeun basa Sunda di sakola salaku muatan lokal.
- ngajaga ngaran jeung situs - situs kasundaan. saperti di Jawa tengah loba kampung Sunda ngaranna robah jadi ngaran Jawa saperti Cipamali jadi kalipemali, Cibodas jadi Kali Bodas jeung Cilacap dianggap Sundanisasi di Jawa tengah. meungpeung loba keneh di Banyumas ngaran - ngaran pilemburan anu Nyunda.
- Anu sejenna mah aya keneh tapi engke wae lah nepikeunana kuring keur gawe ayeuna mah.
durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya sadaya. Didieu ngumpul leuwih jama (jelma) kurang leuwih aya 1.300na
nu kalolobanana boga pendidikan paling henteu sarjana S1 (kecuali sim
kuring). Tah ayana sumber daya nu sakitu hebatnateh naon nu geus dilakukeun
ku urang jang kamajuan US? Meuren geus loba. Sim kuringna bae nu teu terang.
Tapi supaya leuwih eces deui kumaha mun urang ngalakukeun gawe bareng, DEUI,
nu dipasilitasan ku KUSNET keur kamajuan US? Nu ayeuna geus jalan
diantarana;
1. digitalisasi buku carita keur budak RUSDI jeung MISNEM
2. nerjemahkeun ALQURAN ka basa Sunda
3. digitalisasi koran sunda lawas, pusaka sunda..
4. ...
5. ...
6. ..
7. ...
sakieu heula pamendak sim kuring.
wasalam,
durachman
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

