Sampurasun, punten ngiring nimbrung ..... da kapan Teteh ge urang 
sunda :-)
Teteh mah ayeuna teh geus bisa turun ka darat mentaan duit ka urang 
bule pikeun sauetik-eutikeun milu mantuan barudak anu teu mampuh, 
carana nyaeta disogok ku kadaharan urang sunda sapertos combro.

Perkawis pabukon, taun ieu Insya Allah tiasa nambihan hiji di Garut 
di lokasi anak-asuh Annisa.org. Kerjasama deui sareng MJ nu Perceka 
kanggo Simpay Katresna Insya Allah artosna dikintunkeun sasih payun.

Kahoyong mah tiasa ngadamel data-base anak-anak yang tidak mampuh ti 
satatar sunda, sugan jeung sugan Teteh tiasa ngiderkeun kencleng 
kanggo ngaringankeun biaya sakolana, teu kanggo sadayana murangkalih 
oge atuh sugan tiasa kanggo sapalihna. Kumaha aya kitu anu tiasa 
ngabantos? 

Perkawis kaos, kumaha Kusnet tiasa berbisnis-ria mangdamelkeun kaos 
kanggo seragam anak-anak asuh Annisa? supados sakedik-kedikeun aya 
ladangna/hasilna kanggo kencleng Kusnet. Oge nyetak leaflet, buku 
sareng spanduk. Kapan Kusnet teh muka percetakan sanes?

Kanggo MJ, agehan kanggo Teteh hiji kaos urang sundana, oge buku-
buku kenging nyerat MJ. Insya Allah pertengahan Juli ka lembur.
Hatur nuhun sareng hapuntenna.

wassalaamu'alaikum wr. wb.
Lies
http://www.teteh.com 


 --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> US di KUSnet..?
> 0. US jadi warawuh jeung US deui dimana mendi. eta penting pisan. 
sabab
> silaturahmi jeung silatutug kaasup ibadah, cenah.
> 
> 1. tos bisa nyieun yayasan perceka, nu katuana kuring, dipilih 
sabab
> kuring harita jomblo. keur neangan saha nu daek jadi ketua, da 
kuring geus
> teu jomblo deui ayeuna mah. dikarawinkeun ku baraya KUSnet akhir 
taun
> 2002. atawa sarat jadi ketuana ganti. nu daek, lain nu jomblo 
deui :p
> 
> 2. yayasan eta -nu didanana ku kencleng KUSnet- geus bisa nyieun 
pabukons
> di 15 tempat. kungsi mere beasiswa satauneun ka 40-an murid SD. 
parios di
> web yp.urang-sunda.or.id.
> 
> sanaoz kenclenk nu rutin mung tiluan, ua Dj, kang Dhani Riau, ua 
Siddik
> Seoul. sapalih kencleng patali jeung kaos.
> 
> 2a. nyieun buku, poho tah, SBJS jeung 4S. kuduna ieu mayeng. ke 
heula,
> pakepuk yeuh.
> 
> 3. geus bisa nyieun web http://www.urang-sunda.or.id, nuhun ka 
kang Eko.
> sok atuh areusian.
> 
> 4. geus bisa papatungan nulungan baraya nu katalangsara, Program 
Paduli
> Pangungsi Papandayan, Progam anyar keneh nu kang Dur ngiringan
> nganteurkeun tanda kanyaah ka urang Cirebon tea. he love deui 
namina.
> 
> 5. geus bisa oge mantuan nu keuna musibah TPA Leuwigajah.
> 
> 6. nyieun kaos nu make basa sunda, make ngaran 
[email protected]
> tea.
> 
> 7. jeung saterusna.
> 
> US nu di darat
> US nu icikibung di susundaan lolobana memang hirup hirup di dinya. 
kang
> Ajip Rosidi, ti baheula sok nulis-mimitina basa nasional terus 
basa sunda.
> gaduh penerbitan, pustaka jaya oge kiblat buku utama. kang Edi S 
Ekadjati
> oge Ayatrohaedi, dosen antropologi, nu bisa jadi wewengkon 
garapanana
> tatar sunda. seniman nya kitu deui, abah Nano S, mang Koko, hirup 
hirup di
> dinya, sanajan bah Nano pah kungsi jadi PNS.
> 
> ceu Etty RS, pangarang sunda, pupuhu PPSS, sarjana sastra Sunda nu 
damel
> di disbudpar jabar. patali keneh. Abah Surya (HR Hidayat 
Suryalaga, dosen
> sastra sunda di unpad jeung unpas).
> 
> Mikihiro Moriyama susundaan, sabab eta widang elmu nu keur 
dipaluruhna. ku
> neuleuman sunda, manehna meunang gelar Doktor ti Leiden.
> 
> urang mah teu patali langsung ku pacabakan. ngan ukur modal nyaah.
> meureun.
> 
> 
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> [EMAIL PROTECTED]





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke