Para wargi saparantos sim abdi dibenum janten jurukunci, pangangguran lungak-longok ka daftar anggota milis, euleuh geuning sakitu euyeubna, mung hanjakal, barang ngalongok ka daftar wargi anu "bounching" tetela geuning didinya mani ngahunyud, aya 423 jalmi wargi anu bounching, malihan ditinggal salangkung aya anu bounching ti ngawitan taun 2003.
Kukituna sim abdi gaduh usul ka sugri para wargi, khususna ka rengrengan kuncen, sim abdi hoyong ngirangan daftar wargi anu bounching.
Margina hawatos kawargi anu aktif, ngadadak bounching, teras ngajapri kasalah sawios kuncen, eta kuncen meryogikeun waktos kirang langkung 16~17 menit kanggo nyaliksik dina daftar wargi anu bounching, teu acan ngintun "Rekesan kanggo nga-aktifkeun deui" eta wargi ka Yahoo Groups.
Sanggem pangemut sim abdi kumaha upami wargi nu aya dina daftar bounching eta dikirangan, kujalan nga-remove sabagean wargi anu parantos bounching abadi, ku jalan milah-milah ;
1. Bounchingna parantos langkung ti sataun
2. E-mail bounching parantos dugi ka 1500 an
3. Rekes nga-aktifkeun, parantos dikintun ka Yahoo langkung ti 7 kali.
Carana, saparantos diwilah-wilah, kintun surelek ka jinisna anu netelakeun, kaanggotaanana samentawis dicabut ti milis urangsunda, upami parantos normal deui mangga dihaturanan Subscribe deui.
Bilih wae eta surelek teu katampi kujinisna, tiasa oge diembarkeun dimilis rehna, anu gaduh alamat e-mailna A, B, C, sareng sajabina kanggo samentawis di-remove kaanggotaanana di milis urangsunda.
Kumaha tah para wargi....???, diantos pamadeganana.
Pihatur
ssw
kuncen ka # 6 atanapi ka #7 kitu..??
hilap deui.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

