haturan wa.....
 
alhamdullilah sae ..kumaha sawalerna? abdi ge tos sono ka uwa..
 
alhamdullilah ari pu anak mah tos tiasa sa alit2 bahasa sunda, kaleresan abdi linggih di tangerang, sigana sakola dasar aya pelajaran Bahasa sunda..
 
ari pun raka mah..keukueh rada sesah, wioslah asal generasi saterasna tiasa lancar bahasa sunda.
 
kumaha wa istri damang? insya allah abdi ka bandung da ayeuna mah rada enggal nganggo jalan tol nayar...
 
salam ka sadayana uwa...
 
nuhun
 
 
 
 
imas
 
 


MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tah geuning aya nu ti Pulo Dewata,....kumaha Bali mangsa
kiwari..?
Sim kuring ge kungsi rada lila di Bali teh aya kana 6 taun
mah, biasa we neangan kipayah, mimiti nganjrek teh di
Jimbaran, terus di Jl Suli, panungtung teh di daerah
Muding Sari, ninggalkeun Bali taun 1997.
Kungsi lolongok ka Bali deui dina taun 2003, teu lila ngan
sakadar laha loho wungkul, pedah eta dititah ku dunungan.
Alumni Bali teh di Kusnet mah Kang Soni, inyana ayeuna
geus di Bandung deui.

Eh...Teh Imas kumaha damang..?, iraha bade ka Bandung
deui, upami ka Bandung tong hilap nyimpang ka Margawangi
nya, salam ka Aa-na, kumaha tos tiasaeun basa Sunda...?

Ka baraya sadayana nu nembe ngempel dina ieu riungan, sim
kuring salaku kuncen # 2 ngawilujengkeun wilujeng sumping,
mugia aya pangabetah tur aya mangfaatna, utamina mah mugi
sing beuki maher basa Sunda.

MSasmita





Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke