Nambihan sakedik.
Bahasa arab saurna bahasa anu kaya anu tiasa ngandung mangrupi2 artian/hartos. Ahli2 tafsir ge loba anu teu sarua dina nafsirkeun atanapi ngartikeun bahasa arab/qur'an.
Ayeuna cobi upami samodel sholat teras bacaan sholatna diganti atanapi ditambahan ku bahasa sorangan/bahasa indonesia pan tiasa wae eta teh beda2 harti. Contohna maca Allohu Akbar......anu harti umumna Alloh Maha Besar......tiasa wae aya anu ngahartoskeun Alloh Maha Agung jsjb....misalna, ieu contoh anu alit. Kuayana siga kitu bisa ngabedakeun harti anu saleresna dina bacaan sholatna. Manan kitu langkung sae urang numutkeun anu dicontoh ku Nabi nyaeta nganggo bahasa aslina.
Mangga mung sakitu heula waleran ti abdi.
Neng Iva
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nabi Muhammad di utus ku Alloh teh ka nagara Arab,
da mun diutusna ka Bogor mah Qur'an teh meureun make basa sunda,
jeung deui lain Qur'an meureun ngaranna.
kitu deui ibadah ge pastina make basa sunda.
Nu jadi patarosan,
kunaon Solat teu meunang make Basa Indonesia ?
tapi kudu make basa arab ?
padahal urang sakabeh ge yakin Gusti Alloh mah ngarti kana
gerentes hate urang sanajan make basa naon bae.
Mun kuring nanya ka kolot2 kuring, rata2 kieu jawabna teh :
"His..puguh geus kitu tidituna, pan Nabi oge nyontokeun
Solat jeung babacaanana teh make basa Arab..."
Teu panjang tanya deui, da bisi ambek.
Ngan kuring mah nu rumasa bodo, gaduh pendapat teh kieu,
Gubragna Wahyu ka Nabi ku basa nu dipikaharti ku Nabi,
nyaeta basa Arab. Sagala ajaran Islam nu disiarkeun
oge sami nganggo basa Arab ku Nabi teh, ngan panganteur
wungkul nganggo basa salian ti basa arab gumantung
wewengkona.
Kusabab teu aya katerangan anu netelakeun yen solat meunang
ku basa salian ti basa Arab, leuwih hade berpatokan
kana Hadis Nabi we, da puguh Hadis teh mangrupakeun
Juklak (Petunjuk Pelaksanaan) ibadah. Aturanana
geus jelas, jadi teu kudu milarian deui nu mahiwal.
Coba we geura, maca Tafsir Qur'an, da eusina beda-beda
geuning, padahal nu ditafsirkeun eta-eta keneh.
Kumargi kitu, kanggo ngajaga kamurnian ibadah, mendingan
ge ku basa aslina we lah. Wios teu ngartos oge.
-dul-
--- In [email protected], "dudi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Haturan Baraya.....,
>
> Baraya, naha nya aya pikiran kitu? boh di urang atawa di turki naha
aya kajadian samodel kitu?
>
> Ayaeuna urang diruntutkeun:
> Aya Islam nabi-nabi saacan Kangjeng Nabi Muhammad tangtuna basa
jeung syareatna beda-beda.
> Aya Islam anu nyurup ka Nabi Muhammad urang Arab kusabab urang Arab
basana ge Arab, jadi pamohalan lamun Nabi nagdugikeun ajaranana make
basa asing non arab atawa basa sunda komo basa indonesia mah can aya-
aya acan, naha make basa arab? Jawabanana tanyakeun ka ustad da eta
mah aya hadisna asana mah...
>
> Ayeuna aya Islam syariat Nabi Muhammad di Indonesia.
Islam "indentik" jeung basa arab, bangsa indonesia basana indoesia.
Bangsa indonesia anu agamana Islam, kudu ngarti basa arab, kitu?
atawa Islamna di-indonesiakeun? atawa kawas lolobana urang ayeuna
campur, kadang-kadang make basa arab khususna dina ritual khusus eta
kaharti henteu maksudna atawa nyerep henteu kana hate?
>
> Ceuk kuring mah bacaan sholat ditambah hartina "teu salah" tapi
oge "can bener" nepi ka wanci ayeuna mah, anu salah amah anu
ngagebugan satrina eta ustad Roy, oge ustadna kuduna mah bisa ngajaga
kasalematan santrina, lamun henteu kudu introspeksi jeung evaluasi,
madorot jeung mangfaatna.
>
> Wassalam,
> dudi_ss (asana mah masih sok solatlah make basa arab deuih, jiga nu
ngarti maksudna)
>
> ----- Original Message -----
> From: iva wanti
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, May 04, 2005 11:00 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Shalat Bahasa Indonesia??
>
>
>
> Kungsi basa nagara turki dipingpin ku Mustafa Kemal Ataturk
dikembangkeun paham modernisasi dina arti westernisasi babaratan
(westernisasi pembaratan). Dimana umat islam meunang tekanan politik,
ajaran2 agama dirubah salahsahijina adzan henteu ngagunakeun
teks/bahasa aslina tapi ngagunakeun bahasa turki. Cenah ceuk anggapan
manehna ajaran islam teh katinggaleun jaman matakna kudu dirubah
sistim islamna. Duka tah sarua kitu tujuan atanapi paham Ustadz
Muhammad Yosman Roy jeung Kemal Ataturk teh. Tangtuna duanana ge
mangrupakeun ajaran anu salah ceuk pamadegan abdi mah.
>
>
>
> Neng Iva
>
> Bobon Ce <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> punteun kang.. upami ibadah pan nu dicontoh keun ku rosul,
> teu kenging ngurang-an atanapi nambihan. (kecuali aya
keterangan nu
> jelas ti rosul)
>
> punteun da abdi ge nuju diajar.. tapi nu jelas perkawis
neuteupan
> ngangge bhs indonesia.tangtu leupat, teu aya keterangan nu
nyeubatkeun
> kenging
> sareng teu aya contoh na.
>
>
> >Suharja wrote:
> >
> >
> >
> >>dulur...
> >>ieu aya info kenging ti detikcom...
> >>pami aya tarjamah Qur'an nganggo basa Sunda, sih teu aya
masalah,
> >>tapi kumaha tah pami shalat oge nganggo basa Sunda?
> >>pendapat?
> >>
> >>nb: wilujengtepangogekanggotehimas
> >>
> >>
> >>
> >>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

