Punten nyuhunkeun dikoreksi ka baraya nu langkung uninga perihal solat...
 
upami teu lepat aya hadist nu nerangkeun sholat, dawuh rasulullah SAW. anu unina "Prak anjeun solat jiga anjeun ningali kuring sholat..." (upami teu lepat). Kusabab ".. jiga anjeun ningali..."  teu heran aya nu beda "saeutik" mah. Saperti nu atahiyat aya nu curukna lempeng aya nu henteu.. meureun gumantung harita sohabat ningali rosul sholat. Tangtu beda nu ningal anjeunna solat ti kenca, katuhu, tukang. komo makmum pangtukangna.. atawa sautas nangtung sabada ruku aya nu ngalempengkeun kadua panangan gigirieun, tapi aya oge nu nilep deui panangan sahandapeun dada. Tangtuna eta ge gumantung sahabat rosul nu ningali anjeunna solat....
 
Sahabat nu ningal tangtos oge ngimeutan jeung tataros ka rosul, nu diimeutan sanes bae gerakan tapi oge bacaan.  ti sohabat, ka jangawereng, buyut, aki, bapa... tuntungna nepi ka urang, nya kitu we solat teh katampa ku urang ayeuna. Boh gerakan boh bacaan... Tapi manawi aya sahabat nu "ningal" rasul sholat ngangge basa Indonesia ?.. upami aya tangtos atuh aya dasarna atanapi hadist na...
 
punten ah.. koreksina.
salam
MDY
 
-------Original Message-------
 
Date: 05/04/05 15:31:30
Subject: Diajar Shalat ---RE: [Urang Sunda] Shalat Bahasa Indonesia??
 
Baheula diajar shalat teh pas SD di masigit jeung ka pun bapa/biang. Biasana di masigit lembur sok diajarkeun rarakatan solat. Tah rarakatan ieu anu biasa dipake unggal kuring solat. Ayeuna-ayeuna heug ngaji, nyobaan deui diajar solat. Apanan ceunah solat teh kudu cara solat na Rasulullah, lamun carana teu cara solat Rasulullah solat na moal ditarima alias bid'ah tea. Barang diajar solat deui, geuning boh babacaan atawa gerakan pas solat dina rarakatan solat teh loba anu teu dumasar Hadits anu shahih(kuat), malah lolobana mah hadits na teh dhaif (lemah). Jeung babacaan oge gerakan dina solat aya sababaraha rupa, eta gerakan atawa babacaan anu mana wae oge bisa dipake keur solat tapi kudu dumasar kana hadits anu shahih teu dumasar kana hadits anu dhaif komo dumasar kana hadits maudhlu (palsu) mah
 
Wallahu a'lam
 
nana



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke