Haturan Kang Soni,
Abdi mah Alhamdulillah sehat, mung pun lanceuk teu ngantor ayeuna teh waktos 
malem minggu karacunan/alergy ku pewarna rambut. Mastakana nanah bontengan, 
kemerah-merahan, bareuh. Kamari rada sakinten teras mios ngantor tapi 
satengah poe wangsul da leherna bareuh, ayeuna tos ngirangan, mung teu ka 
kantor. (dongeng salengkepna diserat di www.teteh.com supados janten 
perhatosan ka nu sanes supados atos-atos)
Taun ieu mah teu ngecet, ahir taun kamari mah janten tukang kayu di kamar 
(gentos furniture ku kenging nyieun sorangan sareng gentos karpet ku 
laminated wood), parantos geulis ayeuna teh kantun sakedik deui masang 
cornice sareng plint (punten teu terang basa sundana, eta setrip kayu hiasan 
dihandap sareng diluhur ngarah furnitures sakurilingna katingali 
ngahiji/lomari sababaraha hiji katingalina siga hiji).

Di Inggris nuju musim semi, rada haneut sanaos dinten ieu mah panonpoe masih 
isineun nembongan. Dimana di Bandung-na? abdi ge bade ka Bandung, Insya 
Allah. Kaulinan/game-na parantos ditingal nembe, aya gambar Kang Soni 
lulumpatan kaditu kadieu he he .... Sae Kang, kreatif ... kantenan hebat 
nganggo basa Sunda, urang Inggris mah moal biasaeun. Dupi nu kururilingan 
dina bubuka naon? spaceship atanapi tumbila ?
Punten ah bari banyol :-)

Kang Soni, kagungan game anu gelut? heg gambarna ku gambar pemain Ice 
Hockey. eta kanggo iseng-iseng pedah pemain Ice Hockey ari nuju maen sok 
bareuki gelut. Abdi jeung Akangna janten supporter team Ice Hockey 
Chelmsford Chieftains. Tapi ayeuna mah tos end of season, September ngawitan 
deui unggal minggu ngider nutur-nutur team ice hockey. Resep Kang :-)
Sakitu heula dongengna.
wassalaamu'alaikum,
Lies




----- Original Message ----- 
From: "soni rosa" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Cc: <[email protected]>
Sent: Wednesday, May 04, 2005 8:43 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Cuplikan buku Kasusastraan Sunda abad ka 19


> Sampurasun.
> Teh Lis kumaha daramang? mugia wae nya.
> abdi pun soni tea teh, kapungkur  tepang sareng teteh (di internet) waktos 
> abdi nuju di bali. Ayeunamah tos pindah a bandung.
> hatur nuhun kintunana, aya anu narik ati dina eta cuplikan nyaeta  motto 
> na
> K.F. Holle, sarjana Walanda ahli basa Sunda, Taal is macht (basa teh 
> gambaran  kakawasaan).
>
> abdi oge gaduh kahoyong ngiring ulubiung dina enggoning ngamumule basa 
> sunda.
> kumargi abdi mah resepna oge kana kaulinan barudak "Kid Games" (padahal 
> ari umurmah geus 40-an), nya nyobian nyusun game anu ngaggo panganteur 
> basa sunda .
>
> pami teteh nuju rineh (biasana mah sok sibuk ngecet sanes he..he..) punten 
> di longok di:
> http://www.geocities.com/sea3olt/wanara/wanara.htm
>
> di bandung mah nuju usum nyijih teh, pami di inngris usum naon?
> cag, heula nya teh
> hatur nuhun
>
> wassalam
> soni+++
>
>
>
> On Wed, 4 May 2005 11:25:13 +0100
>  "L Parish" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> Salaam,
>> Mung bade ngabagi wartos, cuplikan buku Kasusastraan Sunda abad ka 19 
>> parantos tiasa di download gratis di www.ekuator.com
>> Hapunten ka nu parantos uninga.
>> Baktos,
>> Lies ------------------------ Yahoo! Groups 
>> Sponsor --------------------~--> Ever feel sad or cry for no reason at 
>> all?
>> Depression. Narrated by Kate Hudson.
>> http://us.click.yahoo.com/LLQ_sC/esnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
>> --------------------------------------------------------------------~-> 
>> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>
> ========================================================================================
> Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah 
> Jawa Timur.
> Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN 
> (467826)
> ========================================================================================
> 




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Has someone you know been affected by illness or disease?
Network for Good is THE place to support health awareness efforts!
http://us.click.yahoo.com/OCfFmA/UOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke