Tadina mah kuring arek nutup, tapi ieu mah rek nyatujuan seratan Kang Yudi, satuju pisan kuring kana pamadegan Kang Yudi yen informasi teh teu kudu diwagel (disensor), keun we kumaha nu macana, bener henteuna. Kuring ngomentaran artikel Pa Herman lain arek nyensor, tapi sabage anggota masyarakat nu hayang nunjukkeun yen artikel Pa Herman teh aya lemahna, nyaeta soal teori Vials tea. Eta mah kumaha pamandegan nu ngaosna, naha leres pamandegan kuring atawa leres nu Pak Herman, mangga nyanggakeun ka balarea di Kusnet. Da Pak Herman oge artikelna hayang dibaca jeung dikomentaran sanes?
Sanes informasi wae nu teu kedah diwagel(disensor) tapi oge kabebasan mikir. Kuring henteu satuju kabebasan mikir disengker. Saeutik-eutik, disensor, disebut "sesat", digebugan jiga kasus "Sholat bahasa Indonesia" di Malang, "divonis" hukum pati jiga si Ulil nu urang JIL jrrrd. Ceuk kuring mah keun wae, saperti nu disebat ku Kang Yudi mayarakat nu sina milah-milah, mana nu paling cocog jeung manehna. Nu teu kapake mah, engke oge leungit sorangan. Perkawis Pak Herman Ibarhim, politikus, memang leres, anjeunna tadina di PAN ngan kaluar. Lamun teu lepat mah anjeunna ayeuna aktif di Majelis Mujahiddin Indonesia (MMI pimpinan Abu Bakar Baasyir). Anjeunna oge kantos nyalonkeun jadi walikota Bandung. Kuring henteu nyebutkeun Pa HI orientasina kana kakawasaan, ngan ari nu disebut politikus mah nya orientasina kana kakawasaan, kawawasaan pribadina atawa parteyna eukeur ngawujudkeun ide-ide pribadina atawa parteyna dina ngurus nagara (mangga geura tingali definisi politikus). Kumaha jalanna kenging kakawasaan? Aya "seni"na ................sadayana oge pasti terang. Hatur nuhun, WALUYA ----- Original Message ----- From: adsae To: [email protected] Sent: Wednesday, May 04, 2005 10:38 PM Subject: [Urang Sunda] Fwd: Tahayul Modern >> Tutup lawang sigotaka Ari sugan teh leres dibandingkeun sareng dukun teluh atawa si Romo nu dua2na teu rasional. Sae Kang, bilih ngayayay teuing sareng bilih baroseneun baraya sadaya ka topik ieu. Panginten urang teh "satuju pikeun teu satuju" tea nya Kang? Henteu nanaon, sakedik di handap panutup catur pamungkas basa. Di lingkup publik, pikeun abdi nu namina pamarentah mah pasti teu leupas ti tekenan. Kapan tos janten rusiah umum nu namina pamarentah mah seueur nu nyaketan. Masih mending nu nyerang ku ideu atanapi ngutip teori, kumaha mun ku nu gaduh modal (kapitalis), pan tos janten rusiah umum KKN ti dinya kaluarna sanes? Janten ayana ideu nu nyandak teori "mustahil" teu kedah disuudzonkeun ditujujeun pikeun kakawasaan. Dina lingkup pribadi, pikeun abdi ayana macem2 info justru tiasa diangge latihan janten "the effective information processor" sangkan tiasa milih, milah, sareng mutuskeun sikep dumasar info nu lengkep, nu "multi-perspectives" tea. Sadaya tangtos uninga yen urang teh pamingpin pikeun diri/kulawarga urang. Wujud pingpinan teh apanan diantawisna dina hak2 pilihan tea, boh politis atanapi ekonomis: milih pamingpin, milih produk, jrrd nu teu leupas ti kapentingan sareng sistem nilai urang (baca: agama). Pilihan ieu tangtos langkung tiasa ditanggelwalerkeun (dunia aherat) upami didasaran ku hasil ngolah info nu komprehensip. Dina wangunan siga kieu, kuring yakin, hiji info nu euweuh gunana tangtu bakal musnah ku sorangan, teu kedah dipikasieun atanapi disensor, boh ku "label" komo deui ku "gunting". ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

