Libur kamari abdi amengan ka Kadipaten teras ka Jatiwangi...hoyong terang kumaha Jatiwangi teh. Mapay-mapay Majalengka oge dugikeun ka Gunung Cakra. Mata kelar matak waas upami ningal Gunung Cakra nya biasa bari kakacaprukan ka lembur-lembur. Abdi mah kakacaprukannana tara jauh ti lembur. Waktos abdi leutik sok nyawang ti sawah ka gunung-gunung, mun aya haseup ngelun sok ngabayangkeun di tempat haseup anu ngelun. Hiji waktu pasti abdi kadinya!
Nya kamari teh pas rengse UAS sareng meujeuhna stress di kantor, ngeusi batere heula sugan we geus dieusi hawa alam mah seger deui.....Duh, Gunung Cakra...leuweung jeung koceakna sora tongeret, resep...... Waktos di Jatiwangi, nyimpang jeula ka Indomart (duka Alfamart;hilap), dugi nu kitu ka lembur-lembur ayeuna mah matak maehan pasar kacamatan. Eta waktos abdi mayar, naha kasirna make nganggo bahasa Indonesia. Padahal jeung ibu-ibu hareupeun kuring mah make basa Sunda. Ku abdi teh di tegor we, Neng ku basa Sunda we,tong make basa Indo sagala! Punten ari di Jatiwangi teh ngangge basa Sunda atawa Jawa atawa Indonesia? Pokokna waktos di lembur mah abdi tara make basa Indo,sabisa-bisa make basa Sunda. Pernah kacaletot ketang! Anu penting mah ti diri sorangan heula make basa Sunda. Tapi anu leuwih sedih, abdi ningal anu keur masang togel dihareupeun abdi sorangan, geuning di lembur teh siga kieu? DS tukang kakacaprukan. --- "Waluya, Dani R" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > ehm,.... punten rada serak yeuh kamari wengi tos > karoke-an di bumi....(teu nanyakeun > sawios,....nya...), rek ngadongeng ah... > poe kamari kuring mendakan "Sudong = sulap jeung > dongeng " nu ngayakeun/diprakarsaan ku Lembaga seni Website : http://jatigede.bravehost.com/ ________________________________________________________________________ Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

