Ngiring bingah Ua Sas, MJ....reueus pisan...
 
JalakPakuan

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kamari poe minggu isuk-isuk teu isuk isuk teuing ketah,
kitu we antara tabuh 9an, kurunyung MJ bari ngagigiwing
majalah, sugan teh majalah Itenas, ari pek teh geuning
majalah Matabaca sasih Mei 2005.
Dina eta majalah teh geuning aya Rumah Baca Buku Sunda
dina kaca 36 anu judulna "Mamat Sasmita membuka Rumah Baca
untuk masa Pensiun", kuring rada kaget " Na iraha Mang J
ngasupkeun ieu artikel teh..?" MJ ngajawab meh bareng
jeung keur Cupumanik, ngan nu ieu mah make basa Indonesia.
Majalah Matabaca teh majalah basa Indonesia anu
diterbitkeun ku KPG/Gramedia nu eusina ngeunaan dunya
pustaka.
Alhamdulillah dina eta majalah aya foto sim kuring
sakulawarga, plang Rumah Baca, atuh aya gambar buku buku
Sunda.
Situs matabaca nyaeta http://www.matabaca.com mung nu
sasih Mei 2005 mah teu acan dilebetkeun, sigana anu aya
dina situs mah dua sasih kapengker (nu nembe terbit versi
cetak mah teu acan dilebetkeun, sigana supados payu heula
).

Nuhun Mang J,...!!

MSasmita

========================================================================================
Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah Jawa Timur.
Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN (467826)
========================================================================================


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Mail Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke