hayuuuuu.... sakapeung kuring mun keur nongton petir, sok watir ka mang ade+wulan tapi salut. Salut oge ka edhu nu nyalametkeun mang ade teh lain pedah urang sunda, lain pedah sa lembur (da puguh edhu mah urang jakarta). Tapi edu ningali niat mang ade tur ngarasa sanasib. Edu ngarasa manehna jeun mang ade+wulan sarua jalma butuh... jadi silih tulungan. Ieu meureun nu disebut kecerdasan emosional + kecerdasan sosial tea. Dukungan tumuwuh alatan sarua butuh.
 
ayeuna loba "reality show" (jiga API, AFI, KDI, Petir), terus presenterna sok ngomong "mana pendukung dari surabaya???.. mana pendukung dari semarang ?? mana bandung...." ceuk kuring (pendapat ieu mah...) presenter teh kuduna ngomongna "mana pendukung wulan...??? mana pendukung Dewa ??? " teu kudu daerah... najan jakarta, bandung, semarang ari goreng tur ngerakeun mah piraku disebut alus... teu objektif atuh.
 
Kuring hariwang, tuntungna urang jadi primordial... kasukuan, kadaerahan... bari teu ningali kana bebeneran. naha acara-acara tipi teu ngahijikeun sikap bangsa anu "satu nusa, satu bahasa, satu bangsa" jiga sumpah pemuda tea...
 
Tah.. balik deui soal petir, kuring deuk ngadukung mang ade we, (ceunah kadieunakeun deuk nyieun madrasah tina hadiah petir) wulan keun wae da meureun bakal kaagehan maen sinetron, edu komo najan sarua jalma butuh, manehna oge bakal kaagehan sinetron atawa model...
 
Aeeeh... jadi ngacapruk kieu.. punten ah baraya...
 
salam
MDY
 
 
-------Original Message-------
 
Date: 05/10/05 07:41:00
Subject: Re: [Urang Sunda] petir
 
hayu atuh urang dukung ku sarerea, urang sms ka mang ade jeung neng wulan tea.....
sugan we urang sunda bisa maju jeung ngamajukeun dulur2 sarerea...


sigaroet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
baraya,

Ari ceuk kuring mah dukung we heula ... dimana aya urang sunda punjul
dek alus atawa goreng ... urang dukung weh ngarah nyirikeun urang
sunda teh teu nyorangan ...... ari dukunganna pek teh teuing dek naon
ge ... kuring mah ngahelas ningali Kang Mulyana WK, maneh na sorangan
wae .... beda jeung Theo Tumeon... nu penting mah dukungan heula
lah ...

Ari lalajo petir ge pedah aya mang Ade jeung neng Wulan weh .. ngan
bati ngahelas deui weh .. pedah dukungan sms na dua nana ka ocot
terus ...

pun,
ewing
garut lembur kuring

--- In [email protected], Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Enya oge kuring nongton Petir atawa AFI aya urang sundana, aya
bebela hate mah tapi peun we nepi kadinya, beda eak-eakanana mun
nongton Jang Taufik nu nepak kok batminton. Tah kuring ge hayang
pisan "eak-eakan ngabobotohan" urang sunda mun aya dina kompetisi
model olimpiade sains. Tapi nepi ka ayeuna nu dipikaboga ku kuring mah
kur era we can mere kontribusi nu nyata dina widang atikan ka urang
sunda, masih tebih ti lengkah MJ & Ua Sas.

> JP
>





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Discover Yahoo!
Use Yahoo! to plan a weekend, have fun online & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke