hihi Bah Willy pundung euy (heureuy Bah punten)..
Kieu resepna padungdeng teh, tiasa ningal hiji masalah ti dua perspektif nu beda.
 
Numutkeun abdi mah Bah Willy leres yen hakekatna ditarima atawa henteu sholat teh hak prerogatif Allah SWT. Tapi Kang Nana oge leres da sanajan hakekatna nganilai shalat hak Allah tapi panginten kedah urang teh kedah narekahan syareatna. Logikana kieu: kumaha sholat urang rek ditarima ku Allah lamun syareat (baca: cara) shalat urang teu sarua jeung nu diparentahkeun ku Anjeuna!! Janten PR ageung urang teh milarian cara shalat nu sami sareng kahoyong-Na da eta modal dasar pikeun shalat urang ditampi ku Allah sanes? Keun we khusyu mah masalah pribadi da eta mah goib, ayeuna mah pikiran we syarat wajib, syarat sah, rukun tur sunnah2 wudhu jeun shalat.
 
Perkawis shalatna ustadz Roy, sapertos JIL kamari, abdi teu satuju kana cara mikirna nu "motong kompas" dina masalah akidah siga kieu. Risikona ageung: teu ditampina sholat urang! Nu shalat nurutan nabi/sahabat/salafi we can tangtu ditarima, komo deui nu mahiwal! enteng we abdi mah mikirna.
 
Upami shalat tiasa ku basa sejen, abdi yakin tangtos nabi tos ngajarkeun / ngameunangkeun shalat make basa Persia ka Salman al Farisi atawa shalat make basa Yahudi ka garwana (saha namina nya?), atanapi basa Mesir ka Miriam al Qitbiyah, atanapi basa Rumawi ka sahabatna ti Ruum. Sadaya sapagodos sanes teu aya nu disumputkeun ku Nabi Muhammad perkawis agama (patarosan nabi di khutbah panungtungan di Hajji Wada)? Nuduh nabi teu ngajarkeun cara2 ibadah nu dimeunangkeun ku Gusti? paralun teuing!
 
Katiluna, Bah Willy, Mama ManAR, Mang MJ tur para gegedug pan tos sapagodos yen perkawis muamallah langkung "urgent" pikeun kaayaan ayeuna. Naha kalah ngulukutik perkara shoooolat we ti baheula nepi ayeuna bari jeung aya risiko salah deuih! tur ngangajak batur deuih, aya aya wae!
 
Pamungkas, leres Teh Nia, naha teu bisa kitu diajar basa Arab di luar shalat? Tur kacipta, datang ka Inggris rek sholat jamaah teu ngarti, komo ka Pacifique (ka Kang Murdi) hayang sholat teu ngarti deui da jamaahna ngangge basa Perancis! kumaha mun muslim Batak keur ka Jogya? hehe... teu praktis ningan upami mikirna global mah!
 
Baktos
y
 
 
  
 
--- In [email protected], wrote:
> Wah, ari perkara kedah nurutan ka saha mah, mangga we nyanggakeun ka Kang Nana Sumarna nyalira. Sakaterang kuring mah memang urang teu terang ibadah urang teh ditampi atanapi henteuna ku Alloh Swt. Kuring nangajalankeun ibadah ku kayakinan yen ibadah kuring teh ditampi ku Alloh swt, tapi kuring teu terang ditampi henteuna mah, sok sieun disebut ujub jeung sok sieun disebut ngarasa bener sorangan. Tapi ieu mah sakuringeun Kang Nana!
>
> Baktos,
> WALUYA


--------
Yudi,
engkau hanyalah kumpulan dari hari-hari yang terhitung, bila berlalu satu hari, hilanglah pula sebagian darimu [Hasan al Bashri]


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke