Ceuk cenah, kabebasan mikir di Baghdad jaman kekhalifahan Islam, 
kacida majuna, nu matak di jaman harita Islam ngalaman jaya-jayana. 
Ngan hanjakal datang weh suku barbar, nyaeta urang Mongol ( Kaisarna 
Gengis Khan) nu bengis. Bagdad diserebu, diancurkeun, buku-buku 
didurukan, maklum urang "primitif" teu ngarti keur naon ari buku 
teh. Ti harita kekhalifahan Islam jadi mundur.

Di jaman modern, kabebasan mikir oge mere kamajuan gede. Nagara anu 
paling maju dina kabebasan mikir, mimitina mah Inggris. Urang 
Inggris anti komunis, tapi makam Karl Marx aya di Inggris, Karl Marx 
lumpat ka Inggris, da di Jermanna teu pati dipikaresep. Lenin oge 
(pendiri Nagara Uni Soviet), sarua lumpat ka Inggris, waktu diudag-
udag ku Tsar (Raja Rusia). Kabebasan mikir urang Inggris, 
ngahasilkeun elmuwan, nu hasil "kabebasan mikirna" ayeuna karasa, 
nyaeta Sir Isaac Newton nu kasohor hukum fisikana, aksi = reaksi.

Sanggeus Perang Dunya ka II, kabebasan mikir oge aya di Amerika. 
Sagala macem pikiran anu "aneh-aneh" di Amerika dijamin ku 
kontitusina. Hasilna? urang Amerika panglobana anu meunang Hadiah 
Nobel. Amerika oge ngahasilkeun anu teu mungkin jadi aya. Internet, 
Komputer PC sadayana oge dimimitian di Amerika. Naha urang Amerika 
palalinter? meureun, tapi anu jelas mah urang Asia oge ari dina soal 
IQ mah sok ngelehkeun urang Amerika, tapi di urang Asia aya 
beungbeurat psikologis, nyaeta kabebasan mikirna rada kasengker ku 
tradisi. Urang jepang sanajan dina teknologi hebat, tapi lain 
maranehna nu mimiti nimukeun, biasana mah nu nimukeun urang Barat.

Lamun nagara urang hayang maju, bebaskeun jelema sina diajar barebas 
pikiranana ............

Baktos,
WALUYA
 
--- In [email protected], Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Bisa jadi mikir & olah pamikirian can lumrah di urang sunda. 
Meureun widang mikir teh kawas pilsapat nu kaasup "teuas". Ari 
kuring resep we maca buku Edwar deBono, enya ge keur kuring mah 
masih "teuas" tapi geuning alus idena sarupaning mikir lateral. 
Saleresna di milis ge kantos madungdengkeun masalah pilsapat. Kanu 
resep nu teuas-teuas nya  teraskeun we padungdengan, batesana mah 
ulah mikir dzat Allah & ruh.....leres henteu?
>  
> salam
> jalakpakuan 
>  





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
What would our lives be like without music, dance, and theater?
Donate or volunteer in the arts today at Network for Good!
http://us.click.yahoo.com/MCfFmA/SOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke