Dina raraga ngamumule budaya Sunda mah teu aya lepatna ngagempur sasaran ngangge cara naon bae anu SAE, sanes kitu?

Kacipta ku sikuring kacida resep upami aya game adventure dina PS anu tema na Mahabarata versi Sunda ti mimiti Pandawa asruk-asrukan di leuweung nepi ka perang dordar di Kurusetra, ngangge command Basa Sunda tur music background na Kendang Penca keur perang jeung Degung keur suasana sedih. Sok Tomb Raider atawa Splinter Cell oge keok geura

 

 

 

-----Original Message-----
From: Siddik Wiradireja [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: 10 Mei 2005 19:58
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Game keur Barudak Sunda

 

Sae kanggo amengan barudak kota mah, sakadar tambihan upami tiasa komando-komandona digentos ku basa Sunda ulah ku bahasa Inggris.

Sakitu...punten ahhh....mangga diantos anu sanesna.

 

Pihatur

ssw

soni rosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Dulur anu di lembur baraya anu di kota (nyebut dulur +
baraya soteh pedah wae aya perluna he..he..).
Kuring neda pitulung/sakalian promosi, kieu geura:
1. Hobi kuring  nyusun game online keur barudak.
2. salah sawios game anu tos rengse nyaeta:
"Wanara Mulung Sentul"
mangga toong di:
http://www.geocities.com/sea3olt/wanara/wanara.htm
3. nyuhunkeun saran + komentarna, kira-kira na pantes teu
pami di pake salah sahiji media keur ngamumule budaya
sunda khususna keur barudak anu mangrupakeun generasi
penerus urang sunda ka hareup.

hatur nuhun
soni+++



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke