Kapungkur aya urang BaKus ngirim software keur ngitung waktu salat (oge tiasa di download gratis di alamat ieu http://www.geocities.com/SiliconValley/Vista/9311) Ku kuring teh dicobaan weh sakeudeung, teu ditelek-telek da waktu shalat mah dina koran jeung kalender oge aya. Kabeneran aya babaturan kuring, geus pangsiun pagaweanana sok mere ceramah di masjid di deukeut imahna di Bogor Baru Bogor. Manehna menta eta program, nya ku kuring teh dibere. Geus dua minggu, hol deui manehna teh ka kantor, bari nanya geuning dina software ieu Mazhab teh aya lima, Mazhab anu teu apal manehna teh nyaeta Mazhab JAFARI. Ceuk kuring teh sarua kuring oge, henteu apal. Coba cenah jalankeun eta program dina modus Mazhab Jafari, nu kaluar ngan TILU waktu shalat : Subuh, Dzuhur jeung Maghrib!. Ari pek teh enya, ngan tilu waktu shalatna. Ari sugan teh softwarena salah, diupdate ku versi anyarna. Keukeuh we nu kaluar teh ngan TILU waktu, beda lamun diset dina modus Mazhab anu sanes, kaluar lengkep LIMA waktu.
Tatanya kaditu-kadieu, aya nu mere katerangan, cenah Mazhab JAFARI teh mazhab aliran Shiah. Jadi aliran Shiah mah shalatna ngan tilu kali dina sapoe? Ih lain kitu, ceuk nu mere katerangan teh. Urang Shiah mah shalatna teh sok dijama. Dzuhur jeung Ashar di Jama, Dzuhur diheulakeun, Magrib jeung Isya dijama, Magrhib diheulakeun. Jadi ari shalatna mah tetep 17 Rakaat. Upami ningali kieu, geuningan henteu saragam nya? Shiah aliran dina Islam anu cukup ageung, para penganutna umumna Urang Iran jeung sabagian gede urang Iraq. Tah didieu, kuring kadang-kadang mikir geuning Islam teh prural, henteu unik (hiji). Mana anu leres? anging Alloh anu terang!, ngan hiji nu dicekel ku kuring mah, moal nyalahkeun ka saha wae, kanu beda ibadahna jeung kuring! Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

