Kanggo Teh Euis sareng Teh Imas di
Bali oge Kang Febby di Malang, Kang Tantan di Bogor, salam kenal
:-)
Kanggo Kang Yaya, abdi ma tiasa
ningali SCTVna mung tina liputan6.com Punten teu kantos
katonton.
Kanggo Kang Dadun anu promosi
Bali, manawi uninga abdi nyungkeun infona ti situs mana tiasa meser
tiket pesawat ti Jakarta ka Denpasar wangsulna ka Bandung. Hatur nuhun.
Kanggo Kang Duli, sumuhun anu
nangtoskeun maot mah Allah. Upami dikersakeun ku Anjeuna mah, sedep
jengkol oge upami diteureuy nyelap dina genggerong mah tiasa maot
:-)
Kanggo Uwa Sas, abdi tos ningal
gambarna ... anom keneh sareng kasep geuning, kapungkur mah ku abdi
disangki teh parantos aki-aki :-)
Kang Nana, Kang JP, Kang
Lukman, hukum islam mah teu tiasa diterapkeun di indonesia, upami di
nagara urang ayeuna diterapkeun hukum potong
tangan kacipta weh bakal seuer jurangan-juragan anu teu
kagungan panangan, ....................sanes jalma cacah nu maling hayam
wungkul. Kulantaran eta panginten kirang pangrojong
kanggo tiasa diterapkeun.
Kang Durahman, sumuhun judul
sareng eusi teu parok. Diperhatoskeun kanggo kapayun, Insya Allah.
Hapunten ka sadayana.
Kanggo Kang Asep Suhendra,
WILUJENG MILANGKALA. Sing panjang yuswa bari sehat sapapaosna kalayan
aya dina rido Allah SWT.
Kang Murdi, nami Lies, Lilis,
Elis, Eulis, Euis, sst. laris keur urang Sunda mah, supados sidik
kauninga ku akang-akang ..... gareuLIS. Nepangkeun Kang :-)
Anu padungdeng nyarioskeun Petir,
ADE sareng WULAN, poekeun abdi mah, naon sareng saha atuh aranjeunna
teh? milih kanggo naon?
Kang Wawan, nepangkeun :-). Pun
anak nu cikal waktos nuju orok 23 taun kalangkung, sok ngaempeng
ka pun biang, diwartoskeun ka Dokter Liem ti Cidurian di
Bandung teras ku anjeunna dipiwarang seueur nuang peuteuy, eh janten aya
cai susuan.
Salamna bae kanggo nu teu kaabsen
mah.
Baktos,
Lies
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id