Muhun kang leres abdi ge kantos ngadangu yen perkawis kawin mut'ah teh dianut ku paham syiah. Ari samodel masarakat urang di indonesia anu kaleresan nganut paham suni mah ngaharamkeun nikah mut'ah teh. Nya aya sababaraha alesan diantawisna sabab henteu ngajagi kana martabat istri. Da eta we syarat sareng rukunna oge meni mung saukur kitu ( tos disebatkeun tadi perkawis syarat sareng rukun nikah mut'ah)
Teras nya deuih seuseurna kawin mut'ah sok nimbulkeun kahawatiraan kanggo ortu, ulama, pendidik, jssb sareng bilih kanggo alat nyebarkeun paham syiah.
Nya perkawis dalilna tiasa ditingal tina surat Al-Mukminun surat 5 sareng 6 sareng dina hadist.
Khalifah Ali bin Abu Thalib kantos nyarios kieu...Nabi SAW ngalarang nikah mut'ah sareng nuang daging keledai anu jinak waktos perang  khaibar.
Kantos cenah Nabi teh ngaijinan nikah mut'ah tapi ahirna Nabi ngaharamkeun. Ceuk anjeunna...."Wahai manusa kuring kantos ngaijinan ka aranjeun kanggo nikah mut'ah, ayeuna anu boga istri ku jalan nikah mut'ah kudu diceraikeun, jeung sagala nanaon anu tos ku aranjeun dipasihkeun tong dicokot deui sabab Alloh geus ngaramkeun nikah mut'ah dugika kiyamat"
 
 
Neng Iva
 

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngiring mairan sakedik Neng Iva. Kuring oge ngadangu hawar-hawar
perkawis kawin Mut'ah di urang Syiah, ngan teu yakin leres-henteuna.
Kantos kapungkur maca artikel dina koran, duka koran naon, hilap
deui, cenah mah kawin mut'ah teh biasa dilakukeun di masyarakat Arab
jaman harita. Anu ngalarang kawin Mut'ah dilakukeun ku umat Islam
teh Khalifah Umar bin Chattab waktos anjeunna marentah. Sapertos
urang terang, urang Syiah teu ngangken khalifah-khalifah saatosna
Kangjeng Nabi pupus, iwal ti Khalifah Sayidina Ali. Janten lebet
akal oge upami urang Syiah henteu ngangken aturan nu didamel ku Umar
bin Chattab. Tapi ieu mah ukur pantesna, mangga kanu ngartos masalah
ieu diguar, kuring mah bisi loba teuing salahna.

Permios ........ah.

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], iva wanti <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Nikah kontrak dianut ku paham Syiah saurna kieu bade nikah
kontrak/mut'ah mah kahiji kedah aya persetujuan heula ti pihak calon
istrina bade sabaraha lami jangka waktu nikahna. Teras dina nikah
kontrak mah teu peryogi saksi sareng wali, teu aya kawajiban ti
pihak suami kanggo masihan nafkah. Dina nikah mut'ah henteu aya
batasan jumlah istrina.
> Rukun nikah mut'ah aya suami, istri, mahar, pembatasan waktu, ijab
kabul kitu anu terakhir teh, upami teu lepat.
> Syaratna cekap ku akad diantara kaduabelah pihak.
> Cekap sakitu bae panginten nya.







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Make Yahoo! your home page

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke