Sanes .. eta sampeu anu didamel sangu teh oyek namina...??
katuangan jaman walurat (waktos jaman Jepang)...
 
Pihatur
ssw

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dina tabloid Mingguan Sunda Kujang No 1 Minggu III 15
April 2005, aya artikel ngeunaan Kampung Tardisional
Cireundeu. Cireundeu teh hiji kampung deukeut ka Leuwi
Gajah nu dina waktu nu geus kaliwat keuna musibah kaurugan
runtah tea, ngan alhamdulillah eta runtah teh henteu urug
ka palebah Cireundeu.
Ceuk kokolot didinya, nyaeta Abah Sunarya " Ah...tong boro
runtah dalah Walanda ge teu wanieun ngaganggu ka Kampung
Cireundeu mah..." nu dimaksud Walanda didieu teh tangtu
jaman baheula jaman penjajahan Walanda.
Kampung Cireundeu aya nu nyebut kampung tradisional, pedah
eta didinya mah masih keneh "make" adat kabaheulaan, malah
agamana ge ngagem agama Sunda, disebut Hindu lain, disebut
Islam ge lain.
Nu rada aheng kadaharan sapopoena urang Cireundeu nyaeta
sampeu, sampeu teh diolah jadi siga sangu, ari deungeuna
mah bisa naon bae.
Lamun indit-inditan, di panyabaan keur barangdaharna urang
Cireundeu tetep sampeu.
Kitu tah baraya, geuning aya keneh kampung tradisional
deukeut Bandung, hiji waktu mah urang ulin yu ka
Cireundeu, sugan we manggih "kearifan lokal" pikeun
pieunteungeun, sarengna deui sakalian we bewara rehna
Kalawarta Kujang ayeuna tos terbit deui.

MSasmita







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke