|
Upami teu lepat ieu mah kang...
Enya eta salah sahiji bupati sumedang jaman gubjen daendels. Pangkatna kolone, meunang pangkat pamere ti daendels.. ceuk urang sunda mah kornel... matak julukanna pangeran kornel.
Pangeran kornel bupati nu teu satuju kana rodi ngaggarap cadas pangeran, sabab loba korban. Pangeran kornel usul supaya make dinamit wae. Pangeran kornel nepungan wiliam daendels pikeun nego soal dinamit tea. Pas salaman daendels kaget sabab pangeran kornel make kenca.. pok na pangeran kornel "leungeun katuhu mah pikeun jalma nu dipihormat, lain keur jalma nu telenges..."
ceunah... cobi geura ka museum sumedang atuh supados langkung rame, resep geura...
salam
mdy
-------Original Message-------
Date: 05/11/05 15:57:26
Subject: RE: [Urang Sunda] Digest--cadas pangeran
mun teu lepat di cadas pageran, mun ti arah bandung, samemeh asup ka lokasi
jalan jadas pengeran aya patung jelma nu keur salaman. Nu hiji papakean
walanda nu hiji deuina make papakean menak sunda. Cenah nu make pakean menak
sundateh bupati simedang harita (?). Nu rada aneh (mun teu salah ieu oge)
bupati sumedang salaman make leungeun kenca. Sementara leungeun katuhuna
nyekel keris. Aya nu tiasa ngajelaskeun latar belakang pose patung ieu?
Cenah aya hubunganana sareng kerja paksa ngadamel jalan cadas pengeran?
Nuhun sateuacana.
Wasalam,
Durachman
-----Original Message-----
Behalf Of MSasmita
Sent: Tuesday, May 10, 2005 4:40 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Digest Number 4023
Baraya nu ngintun ieu serelek (serat elektronik) teh Pa
Erry Riana Harjapamekas nu ti KPK tea, upami saluyu sareng
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
What would our lives be like without music, dance, and theater?
Donate or volunteer in the arts today at Network for Good!
--------------------------------------------------------------------~->
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
|