.... enya pisan eta teh salah sahiji adat urang arab. Kukituna di dieu oge nu disebut nikah mut'ah teh masih aya sahulueuna mah. Ceuk cenah salah saurang balad kuring, adat urang arab siga kitu teh alatan lumangsungna katurunan di wewengkon arab teh laun pisan ningketna.
Ceuk si balad teh cenah na oge, biasana mun geus bisa mere anak nu dipikahayang ku salakina teh, pamajikanna geus siap pikeun jadi randa,...... sanajan geus jadi randa, urut salakina teh masih mere kawajiban lahir eta randana, saperti imah, baju, kadahareun, jrrd..... na, ari budak na kumaha??... budak na?, budakna mah biasana milu bapana.
Nu matak hemeng teh, aya kateranga ti kadang balad eta, cenah na sanajan geus jadi randa, eta awewe teh teu meunang kawin deui jeung sing saha bae.
Kabiasaan ieu ceuk si eta mah, jaman kiwari masih dipake, biasana mah jelema beunghar atawa panguasa, alasana cenah na mah sangkan "teurah/suku/fam/golongan/???" kuat, digjaya, kapandang jeung teu pareumeun obor.
Geus ah!, sakitu heulaanan....... lain nanaon, ieu geus teu kiat ti tatadi teh hoyong ka jamban....!... hapunten ah bilih seueur teuing salahna..... tos teu kiat yeuh..... dari pada jeungjeuriheun!.. heuehuehueu.....
hanca,
-pun adi-
*******************************
On 5/11/05, iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nikah kontrak dianut ku paham Syiah saurna kieu bade nikah kontrak/mut'ah mah kahiji kedah aya persetujuan heula ti pihak calon istrina bade sabaraha lami jangka waktu nikahna. Teras dina nikah kontrak mah teu peryogi saksi sareng wali, teu aya kawajiban ti pihak suami kanggo masihan nafkah. Dina nikah mut'ah henteu aya batasan jumlah istrina.Rukun nikah mut'ah aya suami, istri, mahar, pembatasan waktu, ijab kabul kitu anu terakhir teh, upami teu lepat.Syaratna cekap ku akad diantara kaduabelah pihak.Cekap sakitu bae panginten nya.BaktosNeng Iva
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

