hihihi, heureuy we atuh teh neni. Meni seurieu kitu ampun paralun atuh abdi oge upami kedah milari artos tina jalan haram mah!
Sanes teh, abdi oge tos ngobrol sareng teh Lis. Meni hese cekeng teh, milari muslim anu rido manah ngabantos jalmi2 anu teu marampuh. Utamana barudak sakola ti kaum dhuafa.
Anehna teh, ari sumbangan ti non muslim seueur.
 
Kadang abdi gaduh pamadegan, Islam teh ku urang mah nembe sae dina teori wungkul ari praktekna mah geningan tos dijaralankeun ka non muslim.  Abdi oge pertama mah curiga, bilih aya program atanapi misi itu ieu. Tapi Alhamdulillah, danget ayeuna teu aya kajantenan siga kitu. Estuning kamanusaan wungkul.
 
Abdi tos nyobian ka DSUQ atanapi Dompet Dhuafa, nihil  teh! Ahirna mah tawakal we ka Allah. Da geningan, ku urang Islamna mah kalahka dicuriga majarkeun "ide gelo" zaman kiwari aya jalmi ngayakeun sakola gratis. Bohong, cenah!
Abdi mung ukur mesem....Allah anu uninga  kana jero2na hate manusa mah!
 
Tah, kitu teh...kadang kaemutan mun abdi tiasa ngiringan kuis Who Wants to Be Milliar, terang kengeng 1 M. Insya Allah sadayana ku abdi bade dianggo ngadirikeun asrama sareng sakola khusus yatim piatu....tapi kumaha nya? Apanan nelefon na oge cenah geus juta-juta supaya jadi peserta teh! hehehehehhe
Matakna, sok ngalamun masang togel wae kitu :D
Naudzubillah hi min dzalik!
 
 
deny
 


Nenny Nenden <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
beu eta dana na timana atuh kangge masiha hadiah na teh? boa boa nya artos ra'yat walah alim abdimah kengeng artos sanaos ageung ge ari tina undian togelmah atanapi undian nu teu pararuguh tea muhun judi tea sanes?

Deny Suwarja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
hahahahaha, ku biko nya ari guru!
paraosan mah kapungkur teh tos ngisi dina data base, mung janten teu aya nya?
Sanes, upami lebet data base mah sugan we kabagian nomor undian TOGEL atuh kang :)
Lumayanlah upami kenging 1 M mah, keur ngabiayaan sakolah TK Gratis keur dhuafa tea heheheh!
 
 
Deny

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Yeh.... naha atuh Kang Guru?! Kapan ti anggalna daptar ge diwartosan
sangkan ngadaptar kuanjeun dina database. Ka dieukeun atuh pami hoyong
didaptarkeun mah...

jk

On 5/11/05, denysuwarja2k <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang moderator, naha data pribadi abdi teu aya dina database nya?


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new resources site!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




"Nineung Ka Lembur Kuring"


Discover Yahoo!
Find restaurants, movies, travel & more fun for the weekend. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Mail Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke